Fikmin #Nadoman#
Ku Ki Hasan

Ustad Fawzy nuju ngawurukan dina 'Keurseus Kulawarga Bagja' pikeun calon
panganten. Ngarah gampil kahartosna ngawurukna bari nadoman. Kang Ustad
ngahariring dituturkeun ku calon panganten: “Ari rukun sono téh, opat
perkara. Hiji tos ngajuru, dua mun tos nyaba. Katiluna, lamun urang tos
paséa. Nu kaopat, moé kasur, ti beurangna.”

JB, 12/03/12
===

Kirim email ke