Waktos di Kongres Internasional Basa Sunda (KIBS) II anu kalangkung Kang Mikihiro Moriyama ngaguar perkawis falsafah dongeng-dongeng anu aya di berbagai bangsa. Di Sunda dina buku pelajaran SD/SMP taun 1970 an masih aya dongeng sakadang kuya sareng sakadang monyet. Tapi ti awit taun 1980 an dugi ka jaman reformasi, dongeng eta teh teu dilebetkeun deui kana buku pelajaran. padahal aya falsafah kajujuran dina dongeng eta. Di Jepang oge saur kang Mikihiro aya oge dongeng anu diajarkeun ka barudak sakola, anu eusina menekankeun upama hayang hasil kudu "kerja keras". Dongeng eta teh jigana jadi tong ngadarah daging ka bangsa Jepang.
mrachmatrawyani ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, March 13, 2012 11:28 PM Subject: Re: [Urang Sunda] SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG Jigana eta nu tiluan teh, caladi, bangbara, jeung sireupeun, satim. Meunang proyek nyieun suling tina bahan tulang maung. Breng weh eta nu tiluan ngagarap proyek "Suling Pusaka Tulang Maung" babarengan. Caladi investigasi heula nangtukeun lebah-lebahna, bagean tulang nu rada ipis. Katangen waktu diketrokan ngentrung. Dirajah heula ditroktrokan. Terus diliangan ku bangbara. Minangka finishing bagean sireupeun ngarah sieup liangna. Boa kitu Kang Yadi. Hehehe 2012/3/14 Y@di <[email protected]> > > Nu ngaliangan mah bangbara, sanes? >Ari caladi notrokan sangakan naon? > >Nuhun > > > >Best Regards, >-Yadi Supriadi Wendy- >.:Sent using my +62 899 711 8089 with love:. >________________________________ > >From: Ki Hasan <[email protected]> >Sender: [email protected] >Date: Wed, 14 Mar 2012 15:04:58 +0800 >To: <[email protected]> >ReplyTo: [email protected] >Subject: Re: [Urang Sunda] SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG > > >Caladi teh manuk belang kabeukina hileud dina tangkal kali. Sok kapanggih dina >tangkal peuteuy. Mun keur ngala hileud sok kadenge harus, "trok-trok..., >trok-trok..., trok-trok...," jiga nu ngetrokan panto. > >Tah jigana ku karuhun baheula, dipapantes nu ngaliangan tulang maung sangkan >jadi suling teh caladi. > >Ari sireupeun, kamarang alias papanting sok hees dina sabangsaning liang. Mun >dina awi liang nu sayangan papanting sok leuwih luis. Jigana wae sanggeus >diliangan ku Caladi, nu ngarautan sangkan liangna mulusna papanting. > > >2012/3/14 Y@di <[email protected]> > >>Trét-trot trét trot, >>suling aing tulang maung, >>ditoktrokan ku caladi, >>diliangan ku bangbara, >>dipasieup ku sireupeun, >>torotot héong, torotot héong. >> >> >>Tah kaleresan, rek tatanya. Dongeng ieu teh meureun umurna geus >>mangabad-abad, tapi can nyaho, naon hartina; >>ditoktrokan jeung dipasieup teh? Cik manawi... >>Eta deuih sato Sieupeun teh nu kumaha? >> >>Nuhun ah.... >> >> >>Best Regards, >>-Yadi Supriadi Wendy- >>.:Sent using my +62 899 711 8089 with love:. >> > > >
