Carpon - KALANGKANG BUDAH Ku Godi Suwarna CAI ngagolak motah. Ti tengah situ tingsuruwuk indung lambak neumbagan bendungan. Brah! Tambakan bendungan rempag. Cai ngamuk beuki édan bareng jeung gelebug angin puyuh nu nebak teuing ti mana.
Bulan ngoréjat kabetak sora ngaguruh. Guludug salah mangsa patingbeledag nyamberan budah ombak. Langit disimbut ku indung peuting pulas getih. Manéhna ngabedega dina batu. Beungeutna robah jadi warna beuleum beusi. ”Dayang Sumbi! Montong jalir!” gorowokna mapakan sora nu ngaguruh. Tapi alam beuki génjlong, lemah jiga rék tibalik. Kadéngé sora nu saleuseurian tukangeun langit bangun nu mupuas. Manéhna ngadégdég nahan amarah nu méh mudal teu katadah. ”Pulangkeun Dayang Sumbi, goblog!” Beledag gelap némpas deukeut pisan kana ceulina. Nu tingcakakak beuki ramé ngékéak. Napsu manéhna limpas lir bendungan bedah. ”Haram jadah!” Gajleng manéhna luncat kana umpalan cai. Nu ambek jeung nu ngamuk der papuket. Lambak miting awakna. Tapi manéhna tagen ngojayan caah néangan udaganana. Koléab ... koléab. Koréjat nyaring, simpé. Bulan ngerejep sérabeun ku balébat nu nguliat beulah wétan. Langit buligir paul sibeungeut ku cai laut. Taya lambak nu motah. Taya angin puyuh. Taya guludug nu patingbeledag. Da puguh mangsa kaliwat lawas ditilepan waktu. Mun sora téa mah tingalaweuh panjang. Aweuhan nu mindeng kadéngé deui. Saperti nu séjén-séjénna, waktu gé bangun embung nyobat jeung manéhna. Waktu nu saségét-saségét ngagayem awakna. Waktu nu geus mulas buukna ku warna bodas. Waktu nu meureut kulitna jadi karijut. Enya. Waktu nu méh ngéléhkeun manéhna. Ngan haténa nu keukeuh weuteuh teu daék léah téh. Teuas lir batu karang. Haté nu teu weléh ngagolak, nolak sagala nu ceuk pangrasana teu adil. Sanggeus babatek sakeudeung, tuluy manéhna leumpang muru basisir. Manuk walét sajodo hihiberan luhureun sirahna. Sakapeung nyirorot nyamberan buukna nu ngarumbay. Ngajaul deui bari récét ngajejeléh. Manéhna teu miduli ombak nu nyéblokkeun cai kiruhna bangun teu purun ditincak. Budah lambak nu siga ciduh nyarangsang na mumuncangan. Manéhna terus leumpang muru batu karang nu nyodor ka laut. Dina éta batu karang manéhna mindeng ngajanteng nulak cangkéng bari neuteup buleudan panonpoé. Sakapeung mah sapopoé ngabedega bari panénjo teu leupas nuturkeun panonpoé usik. ”Cadu mun kudu éléh ku silaing!” Sok rajeun kadéngé gereyemna nyelang séah sora lambak. Harita gé manéhna anteng neuteup biruna laut. Neuteup lambak nu motah teu daék cicing. Kawas runtah nu dipalidkeun ku cai walungan, ahirna mah manéhna gé ngoléab kabawa ka laut. Sagara tempat ngamuara sagala kokotor dunya. Tapi sanajan kitu, ti tengahna caina angger ngénclong. Runtah numpuk di basisir, biru laut teu kacocéng. Bareng jeung ronghéapna panonpoé ti dasar sagara, lapat-lapat katémbong layar parahu mébér katebak angin. Nyuruwuk meulah lambak muru ka sisi basisir. Beuki deukeut beuki atra nu tumpakna, manusa. Manéhna ngarasa kagét. Geus lawas aing aya di tempat ieu, karék ayeuna aya jelema sasab, ceuk gerentes haténa. Parahu geus ngajepat na kikisik rada anggang ti tempat manéhna nyawang. Jelema anyar pinanggih téh jongjon mémérés layar bangun teu ngarasa aya nu keur nyérangkeun. Bari rada asa-asa manéhna nyampeurkeun. Sanggeus deukeut tuluy déhém. Itu ngagentak ngalieuk. Bréh! Gebeg duanana ngoréjat reuwas. Sarimbag! Laut jempling. Angin jempling. Manuk laut récét disada ti kajauhan. Lalaunan panonpoé nécé hambalan tarajé langit. Sajajar tangkal kalapa ngajeten teu usik teu malik. Buuk sarua bodasna ngarumbay nyapuan taktak. Sorot panon pada-pada seukeut. Sorot nu geus seubeuh neuteup hirup. Ngan pakéan nu béda téh. Nu anyar datang maké jubah pulas héjo baseuh wates tuur da puguh tas gulet jeung ombak. Jangkung gedé deuih. Ari keureutan beungeut mah ceplés pisan teu dipiceun sasieur. Sanggeus seubeuh padeuleu beungeut, itu ngaléngkah nyampeurkeun bari ngasongkeun leungeun. ”Oidipus!” pokna nikukur. Sorana lir guruh laut nu jauh. Sora nu biasa maréntah ku komara raja sajati. ”Sangkuriang!” Manéhna nurutan nyebut ngaran. Sorana lir angin gunung, halon tapi nyidem kakuatan. Oidipus neruskeun hanca gawéna. Buntelan gedé diturunkeun tina parahu. Sangkuriang hideng mantuan. Sangkuriang méh teu tahan hayang cacarita. Geus lila manéhna teu manggihan batur ngobrol ari lain sagara mah. Panasaran hayang nyaho asal-usul sémah jeung ku naon pang kasasar ka basisir boga aing, ceuk gerentes haténa. Sémah jongjon katungkulkeun kana gawé. Kawas nu embung kaganggu. Malah basa Sangkuriang hideng mantuan ogé, sémah téh nganuhunkeunana cukup ukur ku seuri leutik. Masih bari pada ngabetem, eusi parahu téh dikunjalan ka tempat nu rada jauh ti cai. Sakapeung paadu teuteup. Rasa kapanasaran kagambar dina panon masing-masing. Kémah réngsé diadegkeun. Sangkuriang ngaléos rék muru laut. Rék nangtang deui panonpoé siga kamari. Mireungeuh kalakuan Sangkuriang, Oidipus ngan ukur ngarérét, tuluyna mah jongjon deui mémérés babawaanana. Sangkuriang nongtoyod muru batu paranti manéhna nyawang tempat nu aranggang. Aing téh raja! Raja nu baheula kungsi ngageunjleungkeun jagat! Aing geus sumpah ka diri sorangan cadu tunduk ka batur! Naha aing maké daék ngahina manéh mantuan sémah? Naha mémang kitu aing téh geus robah jadi somahan? Kek nyekel batu. Ngincer manuk nu kakalayangan nyamberan beungeut cai. Keleweng! Peletak! Nenggel pisan keuna kana huluna. Manuk nutug disanggap ombak. Bugangna teu walakaya diséréd ombak. Geus dibuktikeun ku aing ka nu nyarumput tukangeun langit, yén Sangkuriang moal palid kaséréd nasib! Aing nu dianggap cocooan ku maranéhna, sanggup kénéh ngabedega nangtang langit! Hayang nyaho rék kumaha polahna lamun ditangtang ijén ku aing! Kadéngé sora nu tingcakakak tukangeun méga. Sora nu sok mindeng ngajejeléh. Sora nu ngukuntit ka mana manéhna indit. Sora nu pangdipikaceuceubna. Tapi manéhna teu sanggup ngusir éta sora tina dédéngéanana. ”Sétan! Kaluar siah! Aing hayang neuleu beungeut silaing!” Sangkuriang medengkreng bari tutunjuk ka langit. Sora nu saleuseurian téh jempling. Robah jadi sora hariring. Gerendeng hariring pamépéndé bangun nu ngajak reureuh ka nu capé balik ngalalana. ”Montong kalah tetembangan kawas bikang, siah! Najan balad sia loba, tapi aing moal undur!” ”Can waktuna Sangkuriang!’” ceuk sora tukangeun. Sangkuriang ngagentak malik ka tempat datangna sora. Bréh! Oidipus ngajanteng nangkeup harigu. Sangkuriang asa manggih geusan ngabudalkeun kakeuheul. Pureleng neuteup Oidipus nu teu riuk-riuk. Mata heulang Sangkuriang parat nanceb niruk kongkolak panon Oidipus. Beuki seukeut Sangkuriang neuteup, beuki asa neuteup kalangkang sorangan. Tungtungna Sangkuriang ngarasa yén nu nangtung hareupeun téh kalangkang manéhna kénéh. ”Anjeun ceuceub ka kuring, lain? Hampura lamun kalakuan kuring tadi ngabarubahkeun haté anjeun,” omong Oidipus bari nyekel taktak Sangkuriang. Dua lalaki tengah tuwuh téh paheneng-heneng. Lalaunan Sangkuriang cengkat neuteup beungeut Oidipus, pok manéhna ngomong lalaunan. ”Anjeun moal wawuh ka kuring.” ”Lain moal wawuh, Sangkuriang. Tacan wawuh!” ”Saha sabenerna anjeun téh?” ”Oidipus ....” ”Oidipus?” ”Enya Oidipus! Jalma nu kungsi ngageunjleungkeun jagat Yunani. Ari anjeun? Saha sabenerna anjeun?” ”Sangkuriang! Jelema nu kungsi ngageunjleungkeun Tatar Sunda!” Panonpoé ngerelep ka dasar sagara. Manuk laut ngarampih récét jero guha karang. Salambar-salambar kalakay kakalayangan diulinkeun angin soré. ”Geus jauh pisan kuring ngalanglang dunya téh. Réa kajadian nu ku kuring karandapan. Tapi kuring ngarasa héran nénjo polah anjeun tadi,” ceuk Oidipus bari gék diuk dina batu. Sangkuriang diuk gigireunana. Halimun ngagarayot na pucuk kalapa. Hawar-hawar kadéngé sora sasatoan ngabagéakeun peuting. Sangkuriang ngarahuh. Panénjona nembus belegbeg poék. ”Panjang lamun dicaritakeun mah lalakon kuring téh, Oidipus! Lambaran hirup nu pinuh ku rupa-rupa tarucing. Saperti nu kasaksian ku anjeun tadi, kuring ceuceub ka maranéhna nu nyarumput tukangeun langit. Maranéhna nu sangeunahna ngigelkeun kuring lir ka wayang nu teu boga haté. Maranéhna nu tapis ngajawab pananya kuring yén éta kabéh aya dina ulekan nasib. Kuring teu hayang mun kabéh kapanasaran dijawab ukur ku kitu. Hanjakal Oidipus! Geus sakieu rarémpo téh bet can manggih jawaban nu nyugemakeun!” ”Cing prak caritakeun naon nu kungsi karandapan téh, Sangkuriang!” ceuk Oidipus bari neuteup Sangkuriang nu bangun malaweung. ”Kuring hayang mopohokeun sakabéh nu kaalaman. Tapi kalangkangna teu weléh ngabeberik léngkah.” Eureun sakeudeung bari neuteup bulan nu diutahkeun tina beuteung sagara. ”Lamun anjeun ngadéngé carita kuring, siga nu séjén, tangtu anjeun ogé baris ceuceub ka kuring.” ”Éta mah gumantung ka saha anjeun nyaritakeunana, dulur! Urang nu papada kolot, cukup mikir bari surti, lain?” ceuk Oidipus beuki panasaran. Sanggeus ngahuleng sawatara lila, Sangkuriang mimiti ngaguar pangalamanana. Carita nu ngageunjleungkeun. Carita nu jadi kacapangan balaréa. Carita nu ngabalukarkeun manéhna marudah saumur hirup. Enya! Disiksa batin sorangan. Dimusuhan ku alam jeung sapangeusina. Sorana sakapeung halon lir hariring jauh. Sakapeung ngagolak lir sagara motah dilabrak topan. Sakapeung tatag. Sakapeung siga nu bingung. Sakapeung ngaregéh nanjak. Sakapeung mudun nurugtug. Guruh lambak nurihan jempling. Bueuk nu ti tadi ngungkueuk ngagarapak pindah kana dahan séjén. Lalaunan pepedut nyéngléd disingraykeun angin. Di langit bulan ngadégdég dikalang ku gurat bodas. ”Sakitu pangalaman kuring téh Oidipus. Kuring sadar, Dayang Sumbi atawa Si Tumang éta mah sakadar cukang lantaran. Kuring lain owel ku Dayang Sumbi nu matak haté teu daék narima téh. Aya deui nu leuwih jahat lian ti éta.” Sangkuriang mungkas caritana. Oidipus ngarénghap panjang, sanggeus mikir rada lila, pok manéhna ngomong. ”Geuning bet sarua jeung nu kaalaman ku kuring. Carita anjeun teu pati géséh jeung nu kaalaman ku kuring.” Sangkuriang kagebah lamunanana, cengkat kagét neuteup Oidipus. Derekdek Oidipus medar carita jaman keur ngora ti mimiti tepi ka réngsé. ”Bédana téh anjeun mah teu jadi kawin ka indung. Kuring mah kungsi kawin malah boga anak sagala,” ceuk Oidipus sanggeus tamat caritana. ”Naon sababna pang anjeun kasasar ka lebah dieu, Oidipus?” ”Kuring kungsi ngalaman hirup kadungsang-dungsang bari pada ngajejeléh ku nu lian. Tuluyna mah déwa Apollo nyaaheun ka kuring malah ku satanah Yunani mah kuring téh dianggap jalma karamat. Kuring neneda ka nu kawasa, méméh paéh téh hayang leuwih wawuh ka diri sorangan. Indit ti Yunani ninggalkeun sakabéh nu dipikanyaah bari sadrah tumarima kana milik, boh nu geus karandapan boh nu rék tumiba.” ”Adil déwa téh ka anjeun mah, Oidipus! Teu siga ka kuring.” Sangkuriang ngarandeg neuteup langit, kecrot nyiduh. ”Maranéhna ukur bisa ngajejeléh. Salah aya di kuring. Bener aya di maranéhna.” ”Teu kitu dulur! Kurang kumaha déwa gé nurunkeun cocoba nu rupa-rupa. Nya ku cocoba éta kuring beuki wawuh jeung haté sorangan. Kuring boga kayakinan teu sabongbrong déwa nurunkeun cocoba mun taya maksud séjén mah.” ”Hadé tah caritaan téh Oidipus! Tapi kuring teu yakin satukangeun déwa nurunkeun cocoba téh aya maksud séjén nu hadé.” ”Naha anjeun ogé teu yakin deuih yén urang téh ciptaan nu pangdipikanyaahna?” ”Urang mah ngan cocooan déwa, Oidipus! Hadé kapaké lamun goréng dibalangkeun bari moal daékeun ngoméan deui. Lamun bener urang ciptaan nu pangdipikanyaahna, naha maké kudu aya nasib goréng? Naha atuh lain nu hadé waé hancengan keur urang téh?” ”Sangkuriang, hirup mah teu cukup ukur ku nganahanaha. Naha kudu kieu? Naha lain kitu? Cilaka mun manusa ngajiret manéh ku hal sarupa kitu bari jeung teu tumarima kana milik!” ”Tumarima ...?” Sangkuriang ngagakgak. Rikat Oidipus megat piomongeun Sangkuriang nu bangun rék ngajejeléh. ”Enya tumarima, dulur! Dasarna rasa tumarima téh nyaéta haté nu pasrah. Kuring percaya haté anjeun mah teuas lir batu karang nu déngdék kurang saimbang. Haté anjeun réa teuing déngdék ngénca. Padahal lamun saimbang, senang atawa susah tangtu bakal sarua karasana. Lir batu nu dipeclengkeun ka sagara, liput moal aya tapakna.” ”Saha nu geus nyiptakeun haté kuring nu déngdék téh Oidipus? Lain meunang hayang kuring gubrag ka dunya téh!” ”Lamun sagala diteumbleuhkeun ka nu nyipta, na mana atuh tanggung jawab anjeun jadi mahluk hirup?” ”Cukup Oidipus! Anjeun mah anak raja. Ari kuring? Bapa kuring anjing. Indung kuring wanoja nu pasrah digadabah sato. Sanajan kumaha baé ogé urang moal bisa sapamadegan!” omong Sangkuriang satengah ngagorowok. Panonna buringas deui. Oidipus gogodeg bari nangtung. Léos manéhna balik muru kémahna ninggalkeun Sangkuriang nu ngajanteng dina batu. Sangkuriang ngahégak, nu ngaguruh jero dada beuki motah karasana. Pikiran kusut leuwih ti sasari. Bulan sésélékét na sela-sela indung peuting. Belegbeg langit patepung jeung tungtung laut. Oidipus anak raja! Aing anak anjing! Anak raja jadi raja! Anak sato jadi sato! Tapi naha bener kitu? Naha aing moal bisa hanjat tina leutak rurujit? Mun cocoba datang ti déwa, naha jalan kaluarna ogé datang ti déwa deuih? Naha ...? Rupa-rupa pasualan bulat-beulit dina uteukna. Antara narima jeung nolak. Antara keukeuh jeung léah. Jeung antara-antara séjénna pulang anting ngeusian haténa. *** ISUK-ISUK. Manéhna nguliat sanggeus sapeupeuting ngajanteng di tempat éta. Sangkuriang gilig haté rék nyampeurkeun Oidipus, hayang ngadéngékeun deui omongan sémah. Panasaran hayang nyaho geus tepi ka mana éta sémah téh neuleuman hirup, ngajawab tarucing nu diasongkeun ku leungeun gaib. Rurusuhan muru tempat sémah meuting. Kasampak parongpong taya tapak-tapakna acan. Jukut nu dipaké tempat kémah baraseuh ku ciibun. Sangkuriang ngagidig ka sisi laut. Parahu nu kamari ngajepat dina kikisik, geus teu nyampak. Oidipus lir diteleg laut. ”Oidipus ...!” Sangkuriang ngagorowok ditémbalan guruh lambak peupeus na batu karang. ”Oidipus ...!” gorowokna nyangsang dina méga malang. Nyangsang dina pucuk kalapa. Sawaréh ngalayang katebak angin. Ti langit kadéngé deui sora hariring. Sora nu ngékéak. Sora nu mikarunya. Sagala rupa sora awor dina batin Sangkuriang. ”Haram jadah!” Sangkuriang luncat kana umpalan lambak. Sagara siga nu rék bahé ngabuntang-banting awakna. Sangkuriang nyuruwuk ngojay ka tengah rék nyusul Oidipus. Hawar-hawar gorowok sorana nyalukan sémah nu kungsi datang sanajan teu diondang. ”Oidipus ...! Oidipus ...! Oidipus ...!”• *** Catetan: Tina "Murang-Maring," Kumpulan Carita Pondok Kénging Godi Suwarna, PT Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004.