Fikmin #Sabot Tuang Siang#
Ku Ki Hasan

Kantin Kampus. Tingcaleuhak nu taruang siligonjak. Trong-trang, centong,
piring patentongan. Regot, nu ngaleueut ditotor tina aqua botol. Koloyong
muru parasmanan. Gep kana piring. Dieusian sangu bodas ngebul, sayur paria,
sareng pais nilem. Lologorna sagelas cienteh panas. Gek dina meja kosong.
Burilak, lebah kenca kulitna umyang koneng. Katuhueun ngelemeng pakulitan
hideung santen. Srod nu geulis nutupan imbitna nu kaumbar teuteup. Regot,
kana cienteh panas, ngalantisan tikoro ngohngor. Segut ngahanca alas, murak
pais, girinyih, aya endogan. Ragamang deui panangan nu geulis kana
lancingan. Diangsrodkeun. Kaos pungsat dibetotan. "Duh atuh neng, ari teu
rido mah, kuanaon make pupungsatan. Meureun Emang moal ebat tetenjoan."

Kirim email ke