> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On 
> Behalf Of Abbas Amin
> Subject: [Urang Sunda] Fw: Innalillahi wa inna ilaihi Raaji'uun
> Kita kehilangan sorang Miliser Senior, beliau aktif di banyak Milis mulai 
> dari Jun 1999[
> beliau aktif menulis terutama di Milis2 islam; tentang Islam.
> Nama lengkapnya Ir. Haji M Nur Abdurrahman ( HMNA )

Innalillahi wa inna ilaihi Raaji'uun, kuring kacida ngajenghokna basa maca di 
millis wanita_muslimah Abah HMNA ngantunkeun. Sabulan katukang kuring masih 
diskusi jeung anjeunna perkara kosmoslogi :  Teori Bigbang vs Teori Steady 
State. Biasa lamun diskusi jeung anjeunna kudu tahan, margi anjeunna mah jalmi 
nu keukeuh kana pamadeganana. Tapi kulantaran keukeuh peuteukeuhna ieu,  lawan 
diskusina jadi milarian sumber-sumber keur diadu argumentasikkeun jeung 
anjeunna. Kuring kacida leungiteunana, sabab jarang aya jalmi siga HMNA, 
diskusi ti soal agama tepika elmu pangaweruh diladenan. Sanajan kuring 
sakapeung sok keuheul ka anjeunna, diskusi di millis dilebetkeun kana koran 
Fajar di Makasar, bari nyebut aran lawan diskusina. Aran kuring kungsi 
mucunghul dua kali dina kolom WAHYU dan AKAL koran Fajar.

Saha ari Abah HMNA Teh? Anjeunna teh kolumnis koran Fajar di Makassar. 
Baheulana lila cicing di Bandung, sakola di ITB jurusan Mesin. Dina pangakuan 
sababraha bulan katukang di millis Wanita Muslimah,   anjeunna ngangken 
mata-mata/ penghubung DI Sulawesi Selatan jeung DI di Jawa Barat di jaman DI 
baheula. Matak teu aneh anjeunna fasih pisan Basa Sunda. Seueur nu menarik 
pamadegan anjeunna teh, sanajan anjeunna sok disebutkeun Islam  "garis keras", 
tapi aya sababraha nu menarik: Anjeunna henteu anti syiah, ka Akhmadyah kudu 
ditempo heula, sabab aya dua skete. Teori evolusi henteu anti, tapi berlakuna 
ukur keur mangkeluk salian ti Jelema jrrd, nu sok jadi bahan debat teu 
anggeus-anggeus di millis.

Ka kuring anjeunna aya pamenta, hayang pangneangankeun arsip koran basa Walanda 
baheula nu medal di Bandung:  A.I.D. DE PREANGERBODE, DONDERDAG, 26 APRIL 
1956., cenah dina koran eta aya artikel karangan anjeunna. Kuring rada 
ngahuleng, da teu apal-apal acan di Bandung kungsi aya koran eta,  pamenta 
anjeunna tepika ayeuna acan katedunan. Sugan aya baraya anu terang dimana koran 
heubeul diarsipkeunana? 
(http://groups.yahoo.com/group/wanita-muslimah/message/161759).

"Wilujeng angkat" Pa HMNA, mugi-mugi ditampi iman Islamna, dihapunten sagala 
dosana.

Wassalam,
WALUYA  



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke