Was was di dinya leuwih ka na PRIHATIN, rasa prihatin gegedena mah. Jadi mun urang ngalaakukeun naon wae, PD teuing ulah, pessinis teuing komo ulah; nu hade mah siniger tengah; hartina urang tetep yakin yen bakal aya mangpaatna; tapi bari prihatin; hartina nepi ka resikona gagal, ku urang MUDU ditarima.
Jadi ari kaleuleuwihi mah, sagala ge moal pibenereun. Optimis teuing ulah, nu cek Kang Yadi maah Jumawa, atawa UJUB tea. Nya urang teh siniger tengah; lakukeun lantaran memang kudu dilaksanakeun, bari jeung hasilna pasrahkeun ka Gusti. Gusti teu NGUDUKEUN HASILNA; tapi nu diparentahkeun teh usahana. Hasil positip Alhamdulillah; hasil kurang positip Alhamdulillah. Tapi nu geus kaalaman ku kuring; nyata hasil naon wae rata2na mah aya HASILNA teh. Naon bedana ? Bedana urang geus ngukur hasilna kudu kitu kudu kieu; tapi urang teu apal yen hal eta teh piaaluseun tawa henteu.. Urang teu apal. Kabuktian hiji hasil nu kurang salaras jeung kahayang urang, pek teh ari diukur di na HASIL ahir nyataa nu kurang salaras cek urang nu pangalusna mah. Kuring sababaraha kali ngabuktikeun soal ieu. Nu matak ulah poho Syukuraan.
