hatur nuhun mang oman. keur popoean jiga kitu, urang sunda nyebatna ge
'mieling', urang indonesia 'memperingati' janten leres saur emang, poe cai
sadunya (halah!) lain hartosna ukur dina poe eta wungkul urang miara cai.

salahsahiji cara keur miara cai, saur abdi mah, hayu urang muhit deui
padalisan-padalisan heubeul. karya agung bujangga kapungkur. siga nu
nyampak dina pupuh asmarandana ieu:

Éling-éling murangkalih
kudu apik jeung berséka
ulah odoh ku panganggo
nu kotor geura seuseuhan
mun soéh geuwat kaputan
kanu buruk masing butuh
kanu anyar masing lebar

Pada 22 Maret 2012 09:32, oman abdurahman <[email protected]> menulis:

> **
>
>
> "Manehna anu bener-bener neangan cair, mangka eta cai oge satemenna
> neangan manehna" (Jalaluddin Rumi, 1207-1273 M). Wilujeng Poean Cai
> Sadunya. Bagja maranehanana anu geus ngajadikeun air salaku mitra hirupna
> jeung teu weleh syukuran karana ayana cai.
> ["Ia yang sungguh-sungguh mencari air, maka sesungguhnya air itu pun
> mencarinya" (Jalaluddin Rummi, 1207-1273 M). Selamat "Hari Air Sedunia".
> Berbahagialah mereka yang sudah menjadikan air sebagai mitra hidupnya dan
> bersyukur atas keberadaannya di muka bumi ini].
>
> Baraya, ceuk cenah poe ieu teh "Hari Air Sedunia". Sanajan kitu, tangtu
> wae miara cai mah kudu unggal poe. Hayu urang papada miara cai di tempatna
> sewang-sewangan.
>
>
> manar
>
>
>
-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke