Ki Darga
gancang ngomong :”Tah ti na carita ki Jumad , sigana enyaan eta Nyi Epon jeung
Nyi Ipah teh ditawan di Rajawali Bodas; ngan keur naon nya ? Asa teu puguh2 ?” 


Keur
guntreng kitu jol we informan nu ti Cirebon, manehna nyarita yen Mutiara
Hideung ayeuna mah geus kanyahoan dimana manana. 


Ki Darga
nyentak:”Aing teh keur lieur neangan Nyi Ipah jeung Nyi Epon, naha carita jadi
nyimpang ka na Mutiara Hideung ? Hayang dicabok siah ? Nyilidik teu baleg siah
!” 


KI Toto, nu
dititah ka Cirebon, gancang ngomong:”Ke heula, ieu teh aya hubunganana jeung
leungitna Nyi Ipah lan Nyi Epon !” 


“Naon !” Cek
Ki Wira jeung Ki Darga meh bareng. Ari Jalma mah cicing we ngabandungan, kumaha
ahirna caritaan si Toto. 


Ki Toto
terus we nerangkeun :” Ieu informasi teh kakara ditarima kamari pasosore ti
bujangna 5 Macan Cirebon; eta ge kuring teh ngaluarkeun duit 5 Gulden ! Kakara
daek betus !” 


“Heueuh
alus! Sok kumaha cenah caritana !” 


Cenah nu
limaan diondang datang ka Kuningan, ka Markas Rajawali Bodas; tapi waktu
balikna kaciri nu limaan siga nu arambek; kadenge Abd Gofar kukulutus :”Gara2
urang ngalamar Nyi Ipah, jadi manjang kieu ieu pasualan ! Mutiara Hideung
ayeuna geus kanyahoan ku Pihak Rajawali Bodas; ti ayeuna urang moal bisa tenang
deui; hayu ayeuna urang tinggalkeun ieu tempat; keun we imah mah sina dijaga we
ku bujang2 urang.”
HANCA
 

Kirim email ke