Urang Sunda boga hiji tokoh nu hirup di para kolot baheula; hiji tokoh kontroversial; nya eta si Kabayan..
Tapi jaman geus rada robah, si Kabayan nu masih tetep hirup, tapi aya nu nyaingan nya eta upamana ki Nolenad.................; Ki Lamsijan jste. Jeung lain ngan ukur di Sunda wungkul, tokoh model si Kabayan teh; di Tim Teng oge aya tokohna nya eta : Abunawas. Ari di daerah gersang, samodel Afghanistan, Turkestan, nepi ka Singkiang , kasohor Tokoh Nasreddin. Ari Eropa mah, si Gede Omong Baron Von Munschen tea. Duka ari di China, Jepang, jeung Mongol mah, euweuh sigana.
