Episode
ka 44 Di Cirebon 

  

   

Ayeuna mah
Jalma teu make rompi kulit Maung deui, papakeanana ayeuna sarwa bodas, naek
Kuda bodas; atuh mani sagala bodas; lamun eta kuda disina lumpat tarik, mun aya
nu nempo tea mah, siga aya sinar bodas keur nyirorot ka kalerkeun. Jalma ayeuna
geus nepi ka Cirebon; nganjrek dua peuting di Kota eta, lantaran manehna ge
bari ngadedenge sugan aya warta, oge bari nenjo kumaha kaayaan kota nu kasohor
udang jeung tarasina teh. 

Di Cirebon
mah nyadiakeun imah paranti tempat tamu nginep, disebutna cenah losmen;
lantaran loba nu jarah ka Kota Cirebon , lantaran di dinya cenah makam Syeh
Sunan Gunung Jati tea. Nya Jalma mah akon2na ngomong mah rek jarah oge. 

Di Kota
Cirebon teh, aya oge tangsi Kumpeni, nu ngawasa eta Kota Cirebon cenah Regen.
Diangkatna cenah ku Kumpeni, lantaran nu ngawasa sakuliah Pulo Jawa ayeuna mah
cenah Kumpeni. 

Mun
kabeneran ka warung, Jalma sok natanyakeun sugan aya nu apal ka na kumpulan
Walet Hideung; tapi euweuh nu nyahoeun saurang ge. Tapi waktu Jalma nanyakeun
sudagar abd Gofar, loba nu nyahoeun Jalma dituduhkeun ka hiji tempat di kota
Cirebon; ahirna panggih we; enya we suwung geuning. Tapi cenah mah, masing Ki
Abd Gofar saparakanca suwung ge, geus loba nu daratang ka dinya, umumna ti
tempat luar Cirebon; nu daratang lolobana mamawa senjata, mun teu bedog, nya
tumbak; paromanna kabeh ge karereng siga bangsa oah2. Jalma nyaho yen eta teh
akibat ti na mustika Mutiara Hideung tea. Wah Jalma ngawaaskeun, kumaha repotna
jeung riweuhna eta nu limaan, pasti diudag udag ku Para pendekar nu hayang 
ngarebut
eta Mustika. Mun teu gancang malencar, pasti gampang kapanggih; jadi eta nu
limaan teh meureun ayeuna mah teu nyaho geus nyamar jadi nanahaon, da mun kitu
wae mah; gampang kapanggih ku nu hayang ngarebut eta Mustika Mutiara Hideung. 

Ku sabab
Jalma hayang nyaho tempat Regent, nya Jalma teu make kuda indit we ka Puseur
Kota Cirebon; enya we imah/kantor Regent teh Kacida agrengna; kaciri
pangawal2na angker2; barang Jalma ngadeukeutan eta Imah Regent; jol we aya dua
soldadu nyampeurkeun :”Eh, Kowe Inlander, kamu orang tak boleh dekat2 Loji yah
! sana nyingkir.” 

Jalma
nyarita ku Basa Melayu :”Saya mau melihat lihat ini Kantor Regent, bisakah saya
masuk ?” 

Si Kumpeni,
bari molotot nyentak :”Got !.............. kantor Regent en loji ada disini, en
kowe harus jauh ngerti ?” 

Keur ki tu
aya Kumpeni bewokan datang, ngomong ku Basa Holland, rupana manehna komandanna
pangkatna Kopral:”Aya naon maraneh jiga keur pahereng hereng jeung eta Inlander
!?” 

Prajurit
bari sikep, laporan yen aya Inlander tolol laha loho nempoan Loji, bisi mata2
nya diusir. Jalma cicing we, api2 teu ngarti Basa Walanda. 

Lamun enya
mata2 ti pihak France misalna , lain kudu diusir tapi dus kudu disilidik, cek
eta Kopral, cing bawa we ka kamar uing, sok, rek diinterogasi. 

Siap! Kopral
! Cek eta nu duaan, tapi barang maranehna ngalieuk, Jalma geus ngaleos manten,
bari teu kanyahoan kumaha carana. Duanana ngarasa heran pisan, tapi nya manehna
teh kapaksa narima panyarekan Koral Bewok, lantaran teu bisa mawa Jalma ka
kamarna. Malah duanana meunang hukuman . 

Kacaturkeun
Jalma terus we neruskeun perjalanan nuju ka Gunung Cereme ; keun sugan lamun
geus deukeut ka eta gunung mah, aya jelema nu nyahoeun ka eta kumpulan Walet
Hideung.HANCA
 

Kirim email ke