Tomcat? Ngaranna keren nyah. Padahal sajenis sireum. Ieu sato ayana di sawah 
jeung kebon. Basa kuring keur budak can kabeja Patani kasered ku Tomcat, 
padahal eta sato rea dina pare, dina galengan, dina jukut-jukut ruyuk. Na 
kunaon kiwari Tomcat nyeureud manusa jeung asup ka pamukiman panduduk? Ieu 
ekosistem geus teu normal (henteu saimbang).
Meureun kiwari apan sawah jadi saeutik. Loba sawah dipasisian perkotaan, beak 
dijieun pabrik, parumahan jeung sajabana. Habitat ieu geus teu boga tempat 
cicing, anu akhirna nyaliara ka imah-imah. Boa-boa marucunghulna sato malata 
saperti Hileud Bulu, Tomcat ieu hiji tanda yen kiamat geus deukeut.
Mun dipakaitkeun jeung tanda-tanda akhir zaman (kiamat), sakumaha anu 
disebutkeun ku Ibnu Hajar al Asqalani dina Syarah Bukhari "Tanda-tanda kiamat 
eta aya anu nunjukkeun deuketna kiamat, jeung aya anu nunjukkeun datangna 
kiamat. Tanda anu asup katagori kahiji nyaeta Dajjal, turunna Isa Al Masih, 
Ya'juj jeung Ma'juj sata lini. Anu kaasup katagori kadua nyaeta haseup, bijilna 
panon poe ti arah kulon, kaluarna sato malata, jeung seuneu anu ngagiring 
manusa ka makshsyar".
 

   
________________________________
 Dari: Gunawan Yusuf <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 7:59
Judul: Re: [kisunda] "Tomcat" oge nyerebu Tasik?



 
   
 
tomcat geus aya di nagri ieu ratusan taun katukang, tangtos masyarakat
tos seueur nu uninga, ngenaan habitat ruksak, oge urang sadaya uninga
yen habitat alam geus ruksak puluhan taun katukang,  tapi kunaon
tomcat kakarak nembe ka ekspos 2 minggu katukang, pas bbm rek naik 1
april ?

On 3/22/12, Waluya <[email protected]> wrote:
> Ceuk beja koran Tribun Jabar poe ieu (22/3-2012), cenah Kota Tasik oge
> mimiti diserebu "Tomcat". Cenah nu diserang  teh Perumahan Aboh Permai,
> kelurahan Sukamulya, Bungursari Tasik. Warga loba nu keuna panyakit kulit
> siga herpes, tapi dipastikeun gara-gara sarangga Tomcat. Kunaon Tomcat jadi
> "meledak", gara-gara lingkungan kitu? Sarangga kaasup mangkeluk nu paling
> jago dina adaptasi jeung lingkungan anu robah ..........
>
>
>
> WLY
>
>
   
      

Kirim email ke