Sampurasuuun... Hapunten anu ksuhun kapalawargi sadaya, simkuring nembe tiasa ngarengsekeun seratan ngeunaan Ageman Sunda Numutkeun Ageman Muhammad (Al-Qur'an & Al-Hadist).
Ieu salah sawios neraskeun diskusi sareng neng Fessy Ratnasasi : //------Neng Fessy Ratnasari Nyerat : Wed, Feb 1, 2012, Re: Bls: [kisunda] Ageman Sunda "mudah pisan ngahujat sesama islam, padahal syiah oge shalat jamaah jeung sunni, aya oge urang islam anu ngahujat islam karena tahlil, qunut, taraweh 21 rakaat dst, padahal ketika umat islam dikatakan agamaNYA orang arab (semah) koq diam aja, abdi tos baca artikel Kang Agus wira, teu aya hubungan sejarah sunda wiwitan versi madrais & mei k sareng pajajaran, beda sareng baduy anu memang masih runtuyan, alesanna mudah boh madrais atawa mei k, sebelumnya adalah orang islam beda jeung baduy anu geus tidituna, jadi wajar kalo mereka mencipta agama sakahayang sorangan alias agama "kuring". -----// Etéh Ratna!..., langkung tipayun hapunten anu kasuhun, bilih aya catur anu mawur kirang éntép seureuhna, rumaos sepi kénéh ku pangarti, sepi kénéh kupangabisa. Dina cara ngamaphum pasualan ieu, KEDAH dibéntenkeun heula dina émutan urang antawis RUNTUYAN / SILSILAH "GETIH INDUNG + BAPA" sareng RUNTUYAN / SILSILAH "ELMU AJARANnana...". Naon margina kedah dipisahkeun / dibéntenkeun heula!!!??? 1. Margi RUNTUYAN "GETIH" (sababna LAHIR) dugi ka DIRI urang MOAL BISA DIROBAH!!! 2. ari RUNTUYAN AJARANnana mah katampi ku diri urang BISA ROBAH-ROBAH tiLUHUR méméhna ogé. Kanjeng Nabi Muhammad SAW (urang Arab / turunan BANGSA ARAB), éta nyampurnakeun, ngalempengkeun Elmu Ajaran para Nabi Rosul méméhna,. IEU BUKTOS!!! yen ELMU AJARAN BISA ROBAH!!!, katambih unggelan Kanjeng Nabi ku anjeuna parantos mertélakeun “Yén Islam bakal kabagi 73 Golongan”. Noong kana sajarah KARBALA ping 10 Muharam tahun ke-61 Hijriah sami sareng ping10 Oktober Tahun 680 Masehi, kasauran Imam Husen samemeh miang ka Tanah Karbala, kieu “Andaikan DIINUL-MUHAMMAD dapat Tegak dengan terputusnya leherku/kematian, maka aku akan menjemputnya”. Kanggo rujukan kasauran Imam Husen ieu, mangga taroskeun ka kang Muhammad Zen /atanapi ka kang Ahsa, hehehe. Saterasna ku sim kuring di damel dina PDF, margi waleranna kalintang panjangna.... hatur nuhun kana perhatosannana. Link na di handap ieu : http://www.box.com/s/6c8dc77cc6f281299951 rampes... baktos Agus Wirabudiman http://sukapura.wordpress.com
