*Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata:* *bantu* kecap pagawéan milu nulungan pagawéan batur;* bantuan* ménta tulung supaya dibantu;* bunta-bantu* babantu, mantuan nganggeuskeun pagawéan batur; *mantuan 1* milu nulungan pagawéan nu séjén; *2* boga minantu;*pangbantu * tanaga naon baé nu dipaké ngabantu batur, ogé bisa disebut pitulung;*guru ~ * pangkat guru di sakola Kelas II di jaman Walanda anu asalna lain lulusan sakola guru.
*tulung*, *nulungan *kecap pagawéan ngabantuan kasusah batur supaya jadi kurang; *tulung!* ngajerit ménta tulung ka batur; *nulung *méré tulung; *tulungan *ménta tulung; *tulung-tinulungan *silih tulungan; *katulungan *kaburu ku pitulung, *l*. pitandang; ting. *peungpeung*; par.: *nulungan anjing kadempét* nulungan jelema nu taya panarimana; *tutulung *mindeng talang-tulung. 2012/3/28 Abbas Amin <[email protected]> > ** > > > Kuring kapungkur gaduh Paririmbon pananggalaan, Wuku sareng Naktu. > > Misalna tanggal 12 Mei taun 1910; dinten naon sareng pasaranana naon ? > Tah eta Paririmbon teh ngiles alias leungit; cing sugan jeung sugan, > mamanawian aya nu kagungan atanaapi uninga ka na cara ngetangna; atanapi > kagungan DAFTAR Logaritma na. Sim kuring nyuhunkeun. > > Nuhun pisan sateuacanna. > > Baktos, Abbas Amien >
