Hebat Kang Hasan papanggihana kecap-kecap model kitu. Mun kula ngahartikeun maksud eta kecap nyaeta Mun jalma anu mikir (cendekiawan) najan hasil pikiranna salah bisa diomean. Mun hasil pikiranan diwujudkeun ku tulisan, mangka pikeun ngakritisina ku tuisan deui, mun hasil pikiranna diucapkeun dina babasan (diskusi) bisa diladenan ku diskusi deui. Tapi mun jalma anu teu mikir, tinangtu urang kudu waspada, sabab jalma anu teu mikir ibarat angin puyuh atawa caah dengdeng anu bakaln numbrakeun patekadananan, boh dina ucapan atawa laku lampah. Bisa-bisa urang dikadek ku jalma anu teu mikir : "Alah tong loba bacot siah, ku kula dikadek siah!!" Jrot we eta bedog dikadekeun ka urang...................
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 30 Maret 2012 6:46 Judul: [kisunda] Quote - Pentingna Mikir Quote - Pentingna Mikir Kula teu sieun ku jalma nu mikir, najan manehna sasab; sabab tangtu inyana bakal balik deui kana bebeneran. Kula leuwih inggis ku maranehna nu teu mikir, najan dituyun maranehna mah lir ibarat jarami ditiup angin. ~ Syekh Muhammad el-Ghazal Tarjamahan "Thinking Is A Must" tina "Islamic Quotes". Panarjamah: Ki Hasan ***
