Urusan BBM lieur nyah. Mun aya kabijakan Pamarentah ngenaan BBM, anu jadi 
mimiti korban teh Polisi jeung Mahasiswa, sababna adu regeung jeung pasea di 
jalan waktu demo.
Heueuh.....huaaah (heuay), mun noong kana potensi sumber daya loba anu kudu 
dioptimalkeun, salah sahijina pajak. Kiwari pajak panggedena nyetor ka APBN 
70%. Ceunah salila opat taun eta pajak can pernah nyumponan 100%, na kunaon 
kitu? Geus teu bireuk deui di leuit pajak loba teuing beurit nyiliwuri. Kuduna 
eta pamarentah SBY ngomean kakurangan leuit pajak. Aneh bin ajaib pamarentah 
lain ngomean malah nurunkeun target panarimaan pajak. Noong kana PNBP, harga 
migas naek, na kunaon panarimaan migas turun ti 45.79 trilyun jadi 39.70 
trilyun.
SBY dikurilingan jelema lieur, jadi kula ilu lieur!!!!
 
 

 

________________________________
 Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Jumat, 30 Maret 2012 10:04
Judul: [kisunda] BBM teu naek, make Premium bakal diwatesan?
  

 
   
 
Meungpeung perkara BBM keur "haneut", cik naon nu bakal dilakukeun pamarentah
lamun BBM teu naek? Nempo "peta politik" di DPR, sigana BBM moal naek. Tah
kulantaran subsidi BBM bakal ngagedean terus, sabab mobil jeung motor
terus-terus dijieun, sigana pamarentah bakal ngawatesan konsumsi BBM Subsidi
(Premium jeung solar). Salah sahiji opsina ngan mobil umum jeung motor nu
meunang meuli BBM subsidi, mobil pribadi mah kudu meuli BBM non subsidi
(Petramax atawa bengsin di POM Pausahaan asing).

Teorina alus oge tah aturan teh, ngan kumaha pengawasanana? Di Indonesia tea,
sagalana "balalocor", cenah aturan teh dijieun lain keur naon-naon, tapi keur
dilanggar ....hihihi

WLY

   
      

Kirim email ke