Bah Willy jeung Kang Gus Dur (Maman), pikeun pangawasananan meureun dina warna nomor polisi kendaraan. Pikeun mobil pribadi pelatna biru, pikeun mobil umum jeung motor tetep hideung. Tah gampang pikeun ngaidentifikasina......... Najan eta mobil heubeul (kadaluarsa) oge kudu plat biru, eta nandakeun satatus sosial geus kelas nengah he..he..he..he... Sok rada heran kula mah, noong kana gengsi masyarakat urang luhur. Mun meuli jam bermerek, pakean bermerk, imah lingkungan aman anu aya sakuritina atawa di apartemen, parabotan rumah tangga lux jeung bermerk, beas kelas Cianjur anu pulen bin pelem, anak sakolana di sakola paporit (elit bin pelit) oge aya sakola ka luar nagreg. Masyarakat kelas nengah ieu, na gilirian ngeusian BBM pikeun mobil geuning teu gengsi meuli anu bersubsidi teh? Ceuk pamarentah naekeun BBM hiji solusi pikeun nekan pamakean BBM (hemat), asa teu kaharti. Atuh kumaha produksi otomotif dibere kalonggaran pikeun masarkeun bebas eta motor jeung mobil. Ceuk guru ka budak muridna : "Dak tong dahar jengkol jeung tunggir hayam da famali" bari eta guru dahar jengkol jeung tunggir hayam di hareupeun muridna. Kitu SBY teh!!
________________________________ Dari: Gus Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 30 Maret 2012 13:39 Judul: Bls: [kisunda] BBM teu naek, make Premium bakal diwatesan? Setuju. (da mobil geus dijual ieu he.he.he..) Jeung ngamacetkeun tah mobil teh. Maenya saimah mobil leuwih ti hiji. ------------------------------ Pada Jum, 30 Mar 2012 10:04 ICT Waluya menulis: >Meungpeung perkara BBM keur "haneut", cik naon nu bakal dilakukeun pamarentah >lamun BBM teu naek? Nempo "peta politik" di DPR, sigana BBM moal naek. Tah >kulantaran subsidi BBM bakal ngagedean terus, sabab mobil jeung motor >terus-terus dijieun, sigana pamarentah bakal ngawatesan konsumsi BBM Subsidi >(Premium jeung solar). Salah sahiji opsina ngan mobil umum jeung motor nu >meunang meuli BBM subsidi, mobil pribadi mah kudu meuli BBM non subsidi >(Petramax atawa bengsin di POM Pausahaan asing). > >Teorina alus oge tah aturan teh, ngan kumaha pengawasanana? Di Indonesia tea, >sagalana "balalocor", cenah aturan teh dijieun lain keur naon-naon, tapi keur >dilanggar ....hihihi > >WLY > > >
