“Ari eta Sari kapaehan ku naon atuh ?!” nu tujuhan nanya. Sari rada bareureum beungeut ngan pok we nyarita:”Masalahna cenah aya kacilakaan ka imah kuring, jadi kuring teu tahan, sabab sedih, jadi we teu inget di naon2 deui.” Kapaksa Sari ngarang carita, ku sabab moal bisa nerangkeun nu sabenerna. Untung nu tujuh ngartieun, tapi ahirna maranehna ngan ukur unggeuk we ka Jalma terus we arasup ka imah. Beres we caritana mah, tapi harita keneh Jalma kudu indit ti eta tempat; nya Jalma ngelehan maneh indit we ka tempat nu rada jauh; terus neangan tangkal kai nu alus pikeun sare , da ari ngagoler na taneuh mah bisi bahaya, loba sato nu neangan kadahareun. Nya Jalma bisa oge sare, enya ge manehna pinuh ku pikiran, utamana perkara ayana Sari di eta tempat; jeung jadi anggota Walet Hideung. Kira2 wanci Janari, Jalma ngajalankeun elmu enteng badan, terus we keketeyepan ngadeukeutan imah nu dieusi ku anggota Walet Hideung. Kakara ge jol ka deukeut imah Walet Hideung; teu kanyahoan aya nu nyerang atuh bari kaget Jalma nyingcet bari males nyerang; kaciri ngan sajorelat nu nyerang terus lumpat, nya diudag we ku Jalma; tapi teu lila eta waruga nu lumpat teh eureun barang rek diserang deui kaciri eta teh sari; bari kaget bari atoh, Jalma terus we ngadeukeutan Sari. Sari kaciri beungeutna rada beureum, terus miheulaan nyarita:”Ngahaja kuring megat akang, sabab kuring geus ngira2 pasti akang bakal balik deui. Tah ku sabab bisi jadi ribut jeung dulur2 kuring, akang ku kuring dipegat jeung dibawa kadieu.” Jalma gancang ngajawab :”Emh akang mah, rek diajak kamana wae ge kumaha Sari ………………..” Kakara ge Jalma nyarita sakitu geus dipotong ku Sari :”Ah teu kedah nyarios kitu kang Jalma, ayeuna Sari rek nanya deui, enyaan Kang Jalma sok emut ka Sari ?” Jalma gancang pisan ngawalonan nu asup akal ulah nepi ka Sari curiga:”Lamun akang keur digawe mah, nya sok rarajeunan teu inget ka sasaha oge; tapi ari keur nyorangan mah, akang teh sok hayang uih deui ka bumi Sari. Da sok kacipta wae , kumaha halimpu soanten Sari; sareng bageurna Sari ka akang.” Najan bari mopoek da masih Janari keneh, waktuna batur keur sarare tibra; tapi Sari nengetan pisan beungeut Jalma, waktu Jalma nyarita kitu. Kaciri Jalma siga nyarita saujratna. Da memang saenyana, Jalma sok rajeun oge kumalayang pikiranana ka Sari, lamun keur nyorangan, jadi naon nu diomongkeun teh memang enya kituna. HANCA
