“Kang Jalma, enyaan akang sok emut ka Sari ?” Eta pertanyaan
teh geus balik deui ditanyakeun ka Jalma. Jalma teu mikir panjang deui, da
memang sanyatana manehna sok inget ka Sari, terus we ngajawab:”Leres pisan,
Sari, Kang Jalma sering emut ka Sari.” 

 “lamun leres kitu, teu
percuma atuh pangorbanan Sari dina salila ieu teh.”Cek Sari bari nadana siga nu
ngomong ka dirina pribadi. 

Sajongjonaan Jalma ngahuleng, pok nanya lalaunan jeung ati2
pisan:” Aduh punten pisan, akang teh sanyatana embung nyusahkeun Sari; tah
kumaha atuh dugi ka Sari aya di dieu teh ? Naha eta kasalahan Kang Jalma ka
Sari ? Mun enya kitu, tada teuing gede dosana akang ka Sari teh.” 

Beungeut Sari rada karasa panas, untung ku sabab poek teu
kacirieun “meureun” ku Jalma. Padahal Sari harita rada bareureum beungeut; Sari
nyarita:”Kang Jalma , nuhun nya akang masih emut ka Sari; …………. Ku sakitu ge
Sari Kacida nganuhunkeunana; Sari moal ngaharep nu leuwih ti kitu, da meureun
Sari geus nasibna kudu jadi murid Walet Hideung .” 

Jalma rada ngahuleng, lantaran pananya manehna tadi can
dijawab ku Sari; ayeuna malah Sari mengkol nyaritana ka na paguron Walet
Hideung; naon hubunganana; tapi pok we nanya :” Naha kituh mun jadi murid Walet
Hideung teu meunang aya hubungan jeung Kang Jalma ?” 


“Kang Jalma, urang teh ayeuna mah tos lain2na deui, ti saprak
kuring jadi Murid Guru, kuring ngarasa srek pisan, hirup kumpul jeung dulur2 nu
sarua pada silih pikanyaah, bari pinuh ku kaihlasan.” Sari nyarita tanpa emosi
sama sakali; hartina sagala rasa kaciri diteken di na dirina. 


Jalma nu masih panasaran, terus we nanya deui:”Tah , sari
kumaha dongengna Sari nepi ka jadi Murid Walet Hideung ?” 

Kaciri Sari rada ngabalieur, ngarandeg sakeudeung, pok deui
Sari nyarita:”Ah kang, keun we engke deui ku Sari didongengkeun, ari akang ka
dieu teh aya naon, Kang ?” 


Gebeg Jalma ngagebeg, ku ditanya kitu ku Sari; ku sabab
papanggih jeung Sari, manehna ampir poho ka na tujuan rek neangan Nyi Ipah;
sanggeus ngarandeg sakeudeung pok we Jalma nyarita :”Saenyana mah akang teh
neangan babaturan akang, nu cenah dibawa ku Pimpinan Walet Hideung…………………..” 


Kakara ge Jalma nyarita sakitu, Sari pok we :”Eta nu dua
wanoja nya ?” 


“Dua? Cek gerentes hate Jalma, naha dua ? Oh enya kapan cenah
aya babaturan Nyi Ipah nu bisa silat, nyoba2 nulungan, tapi malah katangkep.
Saha nya eta nu nulungan Nyi Ipah teh ? Saha nya awewe nu bisa silat di
Miftahul Falah ?” 


Ku sabab Jalma ngabetem wae, Sari nyarita deui:”Eta teh
babaturan akang ? Atawa……..Teu terus nyaritana Sari, tapi terus we nyarita
gancang pisan:”Jadi salami ieu, nu mawi Kang Jalma ngiles teh , nemonan eta dua
wanoja !?” 


Mani ngagebeg deui wae Jalma, ditanya togmol kitu ku Sari,
bari rada arap eureupeup Jalma nyarita:”Ah henteu kitu Sari…………. Enyaan akang
teh ngajalankeun pancen Guru, jeung ngalaksanakeun naon nu kudu dilaksanakeun
ku jelema model akang, nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah; nya antarana
ayeuna ku sabab aya karerepet di tempat akang nganjrek, nya eta leungitna budak
pasantren; nya akang nu ditugaskeun neangan; da batur mah moal aya nu bisaeun
.” 


Sari motong :”Uluh akang jadi ujub kitu, ayeuna ?!” 


Astaghfirullah” cek Jalma. Akang lain ujub, tapi memang di na
kanyataan ayeuna nya akang nu kapercaya mampu neangan eta dua budak awewe teh.” 


“Ah teuteusingna budak,” Cek Sari ngaweweleh.Saumur we jeung
akang, wanoja disebatna teh, Kang. Gareulis deuih” 


Jalma teu ngawaro ka na pangweweleh Sari, terus we bari rada
rusuh nanya deui:”Tah eta dua wanoja, ayeuna aya dimana , naha Sari apal ?” 


Kaciri paroman Sari rada teu genah, pok nyarita:”Mani siga
penting pisan nya kang Jalma, ka eta dua wanoja ? Babaturan atawa beubeureuh ?” 

  
HANCA
 

Kirim email ke