Ki 92 dugi ka 100 na,naha gening teumendakan nya,ayana ti 91 langsung luncat ka 
101 hehe..nuhun

Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 10 Mar 2012 06:59:48 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 101





“Eh
Cakramana ! Sabar Ujang. Masing maneh meunang oge, bisa ngelehkeun Kula, naha
ngajamin Nyi Syarifah bakal daek ka andika ? Kapan can tangtu ? Jadi teu guna2
urang tarung ge; marebutkeun naon ?”

“Ari andika
wani ka Kula, Jalma !?” Bari popolotot Cakramana ngomong.

“Di na
masalah ieu lain masalah wani atawa teu wani; tapi naon kagunaanana urang gelut
? Naha bakal Nyi Syarifah daekeun ka nu meunang ayeuna ?” tembal Jalma bari
imut, nu ngalantarankeun Cakramana beuki emosi.

“Ah ayeuna
mah, teu jadi masalah Syarifah daekeun ka Kula tawa henteu; nu jelas Kula
ayeuna rek ngagelutan sampeyan !” 
Omonganana ditutup ku hiji tajongan nu tarik
kacida persis ka na cangkeng Jalma nu masih keneh diuk. Jalma mani kaget, tapi 
gancang
ngagiwar ti na eta sepakan; bari terus nuluykeun ku ngadorong eta suku; atuh
Cakramana mani tigogoleang ampir we ngajungkel; untung manehna turunan jago;
jadi bisa oge napak kalawan salamet. Rada reuwas oge manehna nempo Jalma bisa 
nyingcet
ti na tajongan manehna; padahal eta tajongan teh kacida kesit jeung beuratna;
teu sambarang jelema bisa ngagiwar, komo bari jeung ngadorong nepi ka manehna
ampir tijungkel.

Manehna
terus kaluar ti masigit bari nyorowok :”Hayoh siah Jalma kaluar ti masigit,
masigit ulah dipake keur nyumput. Hayoh Kaluar siah !”
HANCA



Kirim email ke