Facebook Aan Merdeka Permana mengirimkan sesuatu di SALAKANAGARA Aan Merdeka Permana membuat dokumen: "Sajarah Candi" Candi Bojongménjé Diadegkeun Sabab Penduduk Can Boga Agama DI wewengkon antara Rancaékék-Cicaléngka, di sisi pilemburan jero gang heureut, kapanggih aya gundukan candi Hindu. Penduduk mah nyarebutna téh Candi Bojongménjé bubuhan éta lembur katelahna kitu. Ceuk hasil panalitian Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh, ngaran Bojongménjé mah anyar, sabab dina taun 499 Maséhi mah, ku urang Karajaan Bhiratakarta jeung Karajaan Kendan, disebutna Kampung Lingkung Goah, anu hartina pilemburan anu masarakatna can boga disiplin hirup, alias teu boga agama. Malah ku sabab boga kabiasaan hirup sagenahna teu nuturkeun aturan, urang Lingkung Goah mah diasingkeun ku nagara gé. Nyaho kitu, Bharata Ginggih, salah sahiji pandita ti Hindustan, ménta idin ka pihak Karajaan Kendan eudeuk nuyun masarakat di éta tempat. Ku pihak Karajaan Kendan, diidinan. Atuh Bharata Ginggih anu geus lampar ngalanglang saban wilayah, kaasup ka Cangkuang (ka Candi Cangkuang), mimiti ngadatangan Kampung Lingkung Goah. Mimitina anu didatangan téh kokolot lembur, diajakan diajar mikawanoh aturan hirup. Kokolot lembur anu ngaranna Ki Galuh téh daék diajak badami. Atuh ti harita, urang Lingkung Goah arasup Hindu, nu disembahna arca gajah. Maranéhna réréongan ngadegkeun candi, nya dingaranan Candi Wiyutha Lingga. Ieu candi beuki dieu beuki nanjung, loba didareugdeug ku anu niat jarah ti saban nagara. Umurna gé kawilang panjang. Narikolotna téh sanggeus kadatangan Islam dina taun 1809. Penduduk loba anu pindah agama, tepikeun ka ahirna Candi Wiyutha Lingga téh hirup ngarangrangan taya nu ngurus. *** Dikutip tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh Lihat Dokumen Lihat Kiriman Ini di Facebook · Sunting Pengaturan Email · Balas email ini untuk menambahkan komentar.
