Barang ku Jalma diterangkeun yen di Onderneming Van Hendrik,
Ki Demang unggut2an; beuki we ngahargaan ka Jalma; lantaran di na pamikirna
lamun boga hubungan jeung Kumpeni, bari diajar basa Holland, pasti eta jelema
istimewa pisan; teu meunang dianggap enteng. Tah Ki Demang teh atuh narima
Jalma enya2 ngahormat pisan; terus we nyaritakeun maksudna rek ngangkat Jalma
jadi guru. Jalma enya ge boga tugas neangan Nyi Ipah jeung baturna ( Nyi Epon
meureun ); tapi ayeuna kapaksa kudu narima eta tawaran, lantaran euweuh jalan
sejen deui pikeun nulungan rayat nu dihukum salian ti kudu kitu. Nya atuh
hoream2 ge, lantaran boga pancen tea, kapaksa da geus kapalang Jalma neangan
masalah sorangan; kapaksa kudu ditanggung tah eta masalah teh, ku manehna. Keun
we meureun eta dua budak awewe mah, da dicekel ku Mawar Hideung sigana diangkat
murid, moal susah2 teuing. Kitu pikiran Jalma harita.
Jeungna deui Jalma teh boga sipat anu TIGIN; teu galideur di
na soal bebeneran; ku sabab manehna nu nyieun ieu masalah; nya daek teu daek
kudu dituntaskeun sakalian. Nya Jalma cicing di imah Demang ngajar Demang
Martoyo basa Holland.
Ki Demang teh boga adi awewe, nu diogo pisan ku Ki Demang
lantaran ieu Demang teh sanyatana pahatu lalis da leutik keneh geus
ditinggalkeun maot ku indung bapana; harita Nyi Utari adina Ki Demang leutik
keneh pisan; nya atuh Demang teh ngurus adina sabage indung bapana. KU sabab
ieu ki Demang teh enya ge bengis lantaran guruna Ngaranna Embah Seco baheulana
Rampog jadug, jadi sipat kakejeman begal nurun ka Joyo Mertoyo; tapi ari ka
Utari mah adina, Kacida nyaahna ieu Ki Joyo Mertoyo teh. Manehnaa matak
diangkat Demang, lantaran geus bisa ngamankeun eta daerah padukuhan Batuurip
jeung sabudeureunana ; manehna memang digjaya . Nya sabage panghargaan manehna
diangkat Demang ku Susuhunan, sanggeus aya rekomendasi ti Regent Van Maar di
Yogya; tah ti harita manehna ku sabab ambisi manehna mikir yen mun pangkatna
hayang mantep manehna kudu bisa ngadeukeutan Tuanna ti Kumpeni; da sigana
Kumpeni leuwih Kawasa ti batan Susuhunan Mataram. Ku sabab kitu manehna boga
patekadan, hayang bisa ngomong basa Holland.
Nyata Jalma salian ti calakan ka na diajar, oge ngajar baatur
oge bisa; jeung Ki Demang Mertoyo Kacida sumangetna diajar ku Jalma teh.
Kacaturkeun Utari, adina Ki Demang; ti barang nenjo Jalma,
manehna teu nyaho kumaha jadi robah kalakuanana; tadina mah sok galak pisan ka
lalaki teh, teu kaop ay nu ngadeukeutan pasti meunang semprotan; tapi barang
panggih jeung Jalma manehna siga nu lungguh tapi someah pisan; kalan2 manehna
sorangan nu mawa cai keur Jalma waktu Jalma keur ngajar; keun we karunya cenah
Si Iyem capeeun.HANCA