Guyon Kulonan - Bedol Lombang
Ku MBF jeung ARS

Poe harita kabeneran tanggal genep likurna bulan Rejep. Atuh saterusna,
jagaisuk eta tanggal tujuh likurna. Geus kabiasaan di unggal kampung
pasisian gunung Haseupan mah, utamana anu aya masigitan ilok ngayakeun
rajaban, nyaeta mieling kajadian anu tumiba ka jungjunan ummat nabi ahir
jaman, Muhammad sollallohu alaihi wa sallam. Isro wal Mi'roj tea kasebutna.
Teu pati jauh bedana jeung Idul Fitri, rajaban geh ilokan "dipapaes" ku
kadaharan sabogana. Dibawa laju diriung di Masigit. Isuk keneh mang Sarna
jeung anak-anakna geus papariat deuk ngabedolkeun lombang nu ponuh ku lauk
bujaer. "Ene, geura kelek tah sair jeung nyoru... Kai, pacuan poho panggul
tah korang jeung pacul hayu urang ngabedolkeun lombang tea," ceuk Mang
Sarna ngomong saingetna. "La, Si Abah mah... jang naeun mamawa nyoru
sagala, Bah?" Anak cawenena nembalan. "Aih... hooh nyah. Nyoru mah jang
napian beas kading." Ceuk mang Sarna bari ngaleos dituturkeun timbeuri ku
anak-anakna.

Alo Ocid: Rejep taun kamari, melak bujaer 300 siki sagalede cinggir di
sawah boga bapa kolot di Cening, jang babacakan engke lebaran. Barak
dibedolkeun nyesa 90 siki. Beak dihakan sero. Bedus..!

Katerangan:
ilok = osok
kodul = kidul
lombang = balong
ngabedolkeun = ngabedahkeun
nyoru = nyiru
papariat = siap-siap, tatan-tatan
ponuh = pinuh
telok/tilok = tara

Editing: Ki Hasan

Kirim email ke