Mun di lembur kuring aya gelar "kecap sandang" pikeun anak-anak turunan boh 
menak atawa  kiyai nyaeta "Cep"
Misakeun :
- Cep Salka
- Cep Purwadinda
- Cep Bajaji
- Cep Hilmi
- Cep Andika
- Cep Sudrajat
- Cep Hasan
- Cepu Mochamad Ziaulhaq
- Cepu Oman Abdurrahman
- Cepu Asep
- Cep Kabayan
- Cep Ahsa
- Cep Yani
- Cep Agus
- Jll
 
Baheula basa budak eta urang lembur ka kuring mere gelar ku kecap sandang "Si" 
da kuring katurunan rahayat jalata tea meureun.
"Si Isep budak baong tea?!" "Si Isep incuna Ki anu", "Wah si Isep ayeuna mah 
lungguh geus jadi mahasiswa mah"
 
Tapi ayeuna urang lembur teu wanieun make kecap sandang "Si", ayeuna mah rada 
ngahormat euy make kecap "Jang"
"Aduh iraha jang Isep dongkap, sadayana kadieuna?"
Sieunen meureun, da nempo batu akikna gede teuing...hik..hik...hik....
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 4 April 2012 11:21
Judul: Re: [kisunda] Perkara CENg CENG an
  
 
   
 
Ari nu kitu mah Kang Zia, fungsi "ceng" teh salaku partikel honorifik, keur 
ngahurmat. Mun di wetan anak kiayi sok dipanggil make partikel "gus", di Tatar 
Sunda, anak ajengan make partikel "ceng".   


2012/4/4 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>
 
>  
>Ki Abbas,
>Di Garut aya sababaraha hiji di mana "Ceng" nunjukeun di hareup. 
>Ceng Fikri = Bupati Garut.
>Ceng Munir = Pimpinan Pasantren di Bayongbong.
>Ceng Agus = Ketua MUI Garut.
>En-Ceng = Anak panggedena lalaki urang Banyuresmi jeung jadi Ketua KUA 
>Kecamatan di Cikajang/Cikelet. 
>-hehehehe. Mangga lajeng!
>Salam,
>::zya
>
> 
>
>________________________________
> From: Abbas Amin <[email protected]>
>To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
>Sent: Tuesday, 3 April 2012 9:28 PM
>Subject: [kisunda] Perkara CENg CENG an
>  
>  
>Sigana Ceng pointerna pasti ka hareup
>
>Leceng = lengkah kenceng ------>>>>>>>>>>>> pasti nuju ka hareup
>
>hanceng = dahareun keur di hareup ( engke )
>
>jeceng = pasti tujuanana keur nu disanghareupeun
>
>hahahaha, cik aya CENG sejenna ?
>Kang Aceng bumina persis hareupeun. Hahahaha
>              
         

Kirim email ke