“Hahahaha, kakara ku mundur wae maneh teu bisa ngelehkeun
kula; komo mun diserang atuh !?” Ki Bejo beuki napsu terus wae nyerang deui,
tapi ayeuna mah satiap tonjokanana ngaluarkeun angin nu karasana matak sesek ka
na dada; Jalma maphum si Bejo geus ngaluarkeun tanaga jerona; ah ku aing bakal
dicoba ku tilu bagian we heula; na atuh barang jebrod diadu leungeun, Jalma
ngoloyong karasa tanaga si Bejo gede; Jalma mani reuwas gancang ngalempengkeun
napasna. Kumaha ari si Bejo; manehna mundur tilu lengkah, rada reuwas oge, tapi
terus nyakakak :”Hahahaha, tah karasa pan ayeuna mah ! Taluk moal !?”
“Hahahah, Taluk !? moal Jalma mah moal taluk ku nu sieun ka
awewe mah.”
Atuh si bejo mani reup geuneuk ray pias ku ambek2na; eh ieu
budak ngora, si Jalma teu boga pikiran ? geus puguh keok, malah ngenye deui;
awas siah; ringsek2 , lain aing nu salah. Cek si Bejo na pikiranana bari der
deui nyerang, ku jurus2 saperti tadi.
Jalma ayeuna mah geus bisa ngukur kakuatan ki Bejo, terus we
ngaluarkeun elmu hampang ragana; atuh harita keneh Ki Bejo saperti dikepung ku
bayangan2 Jalma nu tingsuliwer ngurilingan manehna. Manehna kaget, jeung
reuwas, teu karasa kesang tiis nyaliara na badanna; keur kitu bluk
! hariguna katinggang. Aduh ! Ku nyeri2na manehna nyorowok adduh. Keplok deui
pipina kacabok, rada lieur Ki Bejo; ayeuna manehna ge kapaksa ngaluarkeun elmu
enteng raga; tapi geus kadesek kitu mah, hese rek ngudag katinggaleunana; atuh
keplok deui; keplok deui kacabok sababaraha kali; nepi ka ahirna leng lieur
terus nambru bari leuleus.
Jalma nyampeurkeun bari seak ninggang,mangkaning ku tanaga 8
bagean ngan teu dikeunakeun, ngahaja ka na taneuh deukeut Ki Bejo. Ki Bejo
ngajerit Ampuuun Pendekar ampuuun. Uing Taluk; moal wani2 deui.
Nyata taneuh nu diserang ku Jalma nu deukeut ka si Bejo, mani
legok ku hebatna tanaga Jalma; atuh ayeuna mah Ki Bejo teh enyaan sieunna ku
Jalma; jeung ngarti yen Jalma teh jauh saluhureun kabisa manehna.
“Hahahah, nyata maneh mah ngan ukur buraong gede omong
wungkul, Bejo ! sieun ku bikang !”
“Enya………. Enya pendekar, kulo sieun ku si Mawar Hideung mah,
da jauh saluhureun Kulo; enya uing rumasa buraong; pek we rek dikumahakeun Kulo
ayeuna ? Kulo moal ngalawan.”
“Hahahaha, percuma ngotoran leungeun wungkul ; kapan maneh
geus cukup disiksa tadi.”
“Oh enya, ayeuna ge karasa nyeri pisan, untung huntu euweuh
nu coplok !” Cek si Bejo bari terus2an ngusapan pipina da memang karasa nyeri
urut dicabokan ku Jalma.
HANCA