Kuring meunang dongeng aneh ti ki sobat nu kakara sataun asup Total; manehna 
insinyur ti ITS, keur off manehna ulin ka Bandung cenah; na atuh digigireunana 
teh pas diuk Head Division pak Suryo; ngan manehna resep oge lantaran 
hareupeunana cenah aya mojang Priangan nu manis balik ti Jakarta jeung ninina. 
Nu opat teh ngabaretem we sajajalan teu aya nu nyarita; ngan Ki Sobat teruss2an 
maen panon jeung imut; kacirina ieu si mojang priangan jeung si Insinyur ngora 
nya eta ki sobat tea sarua pada2 katarik; da masing teu ngomong naon2 ge ari 
imut jeung reret mah teu putus2.

Kabeneran asup ka na torowongan panjang tea; kadenge sora cup jeung plak! cenah 
siga aya nu dicabok. Sanggeus ngaliwat eta torowongan nu opatan tetep2 we 
ngabaretem; ngan ayeuna mah pinuh ku mesem surti tea.

Cenah mah ki sobat teh ku sabab panasaran hayang nyaho ngadatangan imah si nini 
rek ngadeukeutan incuna tea; ninina ngobrol bari nyindiran ibu atoh yen enya ge 
eta pamuda teh rada culangung wani nyium incu ibu tapi manehna ge teu cicingeun 
eta pamuda teh digaplok ! ari cek incuna nya eta mojang priangan tea; ah da teu 
naon2 atuh nini eta mah kiss perkenalan tea.

Nya tidinyaa mah permisi we; leos ka Bumi pak Suryo; Pak suryo oge nyindiran 
kieu ka manehna; cing atuh kawas euweuh kasempetan sejen deui; si mojang nyabok 
pan keunana ka bapa.

Sanggeus balik di imah manehna nyakakak mani tarik :" Hahahahaa; iraha deui 
aing boga kasempetan NYIUM nu geulis; bari ngageplak PIPI BOSS nu sok 
pikasebeleun ! Hahahaahha.

Kirim email ke