“Tah ku sabab maneh geus eleh tarung ngalawan uing, daek teu
daek maneh kudu jadi tuduh jalan Kaula ka Bantul.”
Teu kudu ngadua kalian si Bejo malah atoh nu aya, asa aya nu
daek haat mulung manehna digawe; da ditempat eta ge manehna teh nganggur pisan;
ku sabab diajakna ku Jalma, dimana manehna ngarasa taluk pisan, atuh mani
haripeut rek diangkat jadi tukang tuduh jalan teh.
Episode ka 49 – Ngalalana ka Tatar Wetan
Jalma jeung Ki Bejo neruskeun lalampahanana, kaciri Ki Bejo
gumbira pisan, geus poho we kanyeri urut kacabokan ku Jalma teh, manehna
saparat parat jalan alewoh ngadongeng, lolobana mah carita kabisa Ki Bejo;
sakapeung sok dipairan ku Jalma; atuh beuki sumanget ieu ki Bejo teh. Jalma ge
perlu batur ngobrol; ayeuna mah perjalanan teh cukup ngagumbirakeun, da aya
batur pikeun silih kumaha. Lamun Jalma eureun shalat heula, Ki Bejo milu we
acong2an bari teu ngarti ge; sabab manehna oge geus ngadenge soal Islam jeung
soal shalat mah, ngan teu ngarti kumaha2na; nya atuh ayeunaa mah milu mamum we
ka Jalma.
Sanggeus aya tilu poe perjalanan , kakara nepi ka hiji
lembur; di dinya Jalma mesen dua timbel nu galede sambel loba; deungeunna mah
naon we sa aya aya; samemehna dalahar heula di ibu2 nu mangnimbelkeun keur
Jalma; kaciri Ki Bejo mani rewog pisan jeung teu aya sugan sungkan. Jalma tapi
resep ka Ki Bejo nu sigana jujur, enya ge kalakuanana sering kasar.
Beuki teteg we ayeuna mah neruskeun perjalanan teh, da aya
bekel nu lumayan. Tapi perjalanan nu ayeuna Kacida waluratna; geus aya lima
poena, can manggih wae lembur. Nya dahar teh sa ayaaya di leuweung we; aya
cangehgar; moro cangehgar; mun aya susukan ngala lauk. Dina poe nu kalima, geus
liwat lohor, can panggih jeung ganyol2 acan; duanana ngarasa lapar; terus we
istirahat heula handapeun kiara. Teu karasa reup we duanana sare tibra.
Barang duanana sare, jol teh kadinya aya rombongan jelema2
belasan urang, ku sabab deukeut kiara eta, memang rada iuh nya daratangna
kadinya eta belasan jelema teh; terus we paciweuh mirun seuneu, sigana mah
maranehna geus meunang embe teu nyaho ti mana; terus dipareuncit jeung
disamaraan ; maranehna nempatkeun eta embe saluhuran seuneu nu ngabebela; atuh
nu sarare jadi asa kagareuwahan, terus we lalilir, barang lilir barang
melenghir seungit daging embe; duanana neureuy ciduh, jeung ngarasa lapar pisan
hayang dahar. Ku sabab nu ting raringkuk sare aya di Beulah jero; teu kacirieun
ku eta belasan jelema; turug2 maranehna keur paciweuh masak daging.
HANCA