Kisah Zen - Sajatining Sobat

Baheula di Tiongkok aya dua sobat, nu hiji parigel ngulinkeun kacapi ari nu
hiji deui parigel ngareungeukeunana.

Nalika nu saurang ngacapi atawa nembang ihwal gunung, nu lianna bakal
nyarita: "Kuring bisa nenjo gunung di hareupeun urang."

Nalika nu saurang nembang ihwal cai, nu mirengkeun ngagero: "Nya di dieu
tempat ngalirna cai!"

Tapi si jurupireng gering nepi ka maotna. Sobatna nu kahiji motong senar
kacapi jeung teu pernah ngacapi deui. Ti saprak harita motong senar kacapi
remen jadi tanda dalitna sosobatan.

Tarjamahan "True Friends" tina "101 Zen Stories".
Panarjamah: Ki Hasan
***

Kirim email ke