FIKMIN #PLONG!#

Kaserang kencing batu. Peuriiih..., hésé kiih. Élékésékéng teu genah
cicing. Diuk karasa, nyagigir kitu kénéh, nangtung mah komo deui. Tatamba
ka poliklinik. Dibéré ubar sakérésék. Kiih lancar, kalah jadi hésé modol.
Beuteung kembung, susah ngaheujeun. Tatamba deui. Pangseng sawérwéreun.
Beretek ka Toilét. Nyérését, aya nu lalambaran tanding éntéh. Burusut...,
PLONG!

Kirim email ke