Islam sakumaha nu kapaham kukula Bismillahirohmanirrohiim. Sakuliah jagat, satungkebing langit tamplok kabeh sagala pupuja ka Alloh, inyana gusti panyembahan manusa. Kula nyaksi yen teu aya gusti nanging Alloh, kula nyaksi yen Muhammad eta rosulalloh. Mugia Alloh maparin solawat-salamNa ka Muhammad jeung kulawargana. Kula nyuhunkeun panghampura ka Alloh tina sagala kadzoliman diri, nyuhunkeun panghampura tina sagala kabodoan. Mugia Alloh maparin pituduh sangkan sagala anu rek dibudalkeun mangrupaning pamikiran di handap ieu, bisa mangpaat jang diri kula atawa sahabae nu macana. Alloh nu ngagaduhan kabeneran, kula ukur ngajihadan pangarti-pangaweruh saestuning satekerkebek tanaga nu aya. Nu kiwari ku manusa kadeuleu aya, bakal teu aya.. Nu kadeuleu aya, wiwitanana ti Alloh, engke balik ka teu ayana ka Alloh. Nu Aya ngan nu teu aya. Teu aya wiwitanna, tur teu aya panungtunganna. Wiwitan. Islam boga wiwitan. Islam di turunkeun ka Adam nu Tunggal. Islam diturunkeun ka sakabeh nabi jeung rosulalloh. Islam diturunkeun ka Muhammad, oge nu Tunggal. Sakabeh nabi, sakabeh rosul, sakumaha sakabeh jelema, ayana Tunggal. Kula di alam dunya ieu ngan hiji-hijina, kula ge Tunggal. Rifki nu Tunggal. kitu deui para dulur sadaya. Teu aya kopianana. Islam sorangan Tunggal. Teu aya islam A, islam B atawa islam C. Islam nu diturunkeun ka kanjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna solawat-salamNa,) sakumaha KitabNa Al-Qurâan netelakeun yen pituduh dongkapna ka jalma nu iman ka Alloh taâala, ka sakabeh kitab-kitab nu diturunkeun ka dunya, ka sakabeh malaikat Alloh, iman ka nu teu aya (ghoib,) iman ka papasten Alloh, iman ka para nabi-nabi, rosul-rosul nu di utus ku Alloh jeung iman ka ayana tungtung poe, waktu panangtuan Kaadilan Alloh jang sakabeh manusia ditetegkeun. Dina tungtung poe, manusa nu keur hees di alam barzakh dihirupkeun deui lan dihimpunkeun ku Alloh di hiji alun-alun nu teu boga pancaniti. Islam diturunkeun ka dunya lain ngeun ukur ngabejaan kumaha cara pupuja, sesembah ka Alloh, tapi oge jang ngahadekeun cara manusa lalampah jeung papadana, sakumaha nu dicontohkeun ku hiji manusa Tunggal nu diciptakeun ku Alloh pasagi gambir dina kasampurnaana sabage manusa, nyaeta junjungan rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna solawat-salamNa.) Saenyana dina diri rosul eta geus aya toladan akhlaki jang anjeun, sakabeh manusa. Prakprakan lampah sapopoe manusa Islam Saenggeusna netegkeun hate kana kaimanan, lalampah nu kudu dilakonan nyaeta maca syahadat, nangtungkeun sholat, puasa, zakat, jeung ngala haji mun wasa. Dina lalampah sapopoe jalma Islam kudu ngajihadan ngunduh elmu kaislaman nu moal bakal beak tungtung. Jihad didieu teh hartina, ângalakukeun usaha nu keyeng.â Sumber elmuna nyaeta, Al-Qurâan jeung Hadis-hadis. Elmu meunang ngapaluruh angkay-angkayan salila waktu hirup ieu, kudu disurupkeun kana dua hal, hiji adab ka Alloh, dua adab ka sasama jeung ka alam tempat manusa cicing cing cangkeling. Manusa Islam nu nyurupkeun elmuna kana lalampah sapopoe bakal mawa kadamean, katentreman, kaakuran, kaendahan, jeung ka-AMAN-an ka papada.
Ceuk kula. Saprak jaman rosul, manusa Islam geus loba pacengkadanana. Sumber elmu nu sarua, Al-Qurâan jeung Hadis, teu nyaruakeun panafsiran umat Islam. Masing-masing manusa, masing-masing ulama, masing-masing fuqoha, bisa jadi beda-beda pendapatna. Al-Qurâan eta ngandung siloka. Aya nu jelas kaharti. Aya nu hese kaharti, kacuali manusa nu dibere elmuNa ku Alloh. Manusa, daek teu daek kudu nyucruk galur mapay siloka, jang ngarerepkeun sabda Alloh. Dina kanyataan lain, manusa boga akal nu ngawates, boga rasa nu ngawates, boga mata nu ngawates. Manusa moal pasagi gambir ngahartikeun, nafsirkeun Al-Qurâan. Moal aya jelema pang benerna nafsirkeun Al-Qurâan lian ti kangjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna solawat-salamNa.) Hiji conto, manusa nu panona beunta bisa âningaliâ panon poe. Eta kitu kanyataan panon poe sakumaha nu ditingalina. Naon bener eta, panon poe teh kitu sakumaha nu ditingali? Jawabna pasti heunteu. Loba keneh sikluk-sikluk panon poe nu teu katingali. Komo deui nafsirkeun Al-Qurâan anu mangrupa Kalam Alloh, nyaeta Alloh nyalira nu Tunggal. Pangarti manusa ngeun bisa disilokakeun jiga hiji partikel neutron atawa nu leuwih leutik deui dibanding kaluasan alam, satungkebing langit, sakuliah jagat. Lamun diterjamahkeun kana fraksi matematika, bisa jadi 0,0000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000\ 000000000000000000000000000000000000001. Ngahiang Euweuh! Maha suci Anjeun ya Alloh, kula nyaksi teu aya gusti nu dipupusti iwal ti Anjeun. Jeung kula tobat kalayan nyuhun pangampura. Kabeneran ukur boga Alloh. Allohu ta'ala 'alam. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu TiRiLiK
