Hebat eta si Jalma, geus jago Silat, horeng jago Basa Walanda, sampe mere kursus ka Ki Demang Ck..ck...ck.... Ari maca di komik, anu jagoan silat teu jauh ti kecap "Ciaaaaaaat, modar siah!!", "Sok lah tong loba catur, ayeuna mah tarung jeung aing, ciaaaaaaat!!!" "Tong licik siah, mun keur gelut teu meunang nyekelan kanjut aing, belegug siah, ciaaaaaaaaat kojor siah!!!" "Hmm.....hey bajingan tengik, tempo ku sia, ieu leungen katuhu pikeun nujukkeun ka kuburan, ieu leungeun kenca pikeun nunjukkeun jalan ka rumah sakit, pilih ku sia rek katuhu atawa kenca!!!". Haduh rame euy, tapi kumaha rek ngaprediksi, alur caritana maca kabeh. Ari ceuk kuring mah Jalma bakal mundur, da geus kapincut ku Nyi Ipah, carana meureun eta mah kumaha si Jalma anu boga acara...he..he..he... Salam,
________________________________ Dari: Narayana Adipranata <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 27 April 2012 14:17 Judul: Bls: [kisunda] Re: Lanjutan Cersil Mana nya? walah bah AA mah..... kalah ka sina nebak jalan caritana ieu teh. ke heula atuh cuang ngalamun heula sakedap. nyuhunkeun bantuan atuh ka cersil lovers. ________________________________ Dari: Abbas <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 27 April 2012 14:06 Judul: [kisunda] Re: Lanjutan Cersil Mana nya? Tah ayeuna JALMA keur aya di Kademangan; keur ngajar Ki Demang Basa Walanda; aya patarosan kanggo pamaos Cersil sadaya, cing cobi prediksi kumaha kapayunna ? 1). Naha Jalma katarik ku Utari adi Ki Demang ? 2). Mun Jalma mundur; kumaha carana ? 3). Jadi moal tarung antaaraa Jalma lawan Mawar Hideung ? 4). Naha Nyi Ipah jeung Nyi Epon bisa dibawa balik deui ka Wanayasa ? 5). Kumaha tah kulawarga Nyi Ipah ? Sok marangga prediksi singkat tepat tea we. Nuhun ka na perhatosanana. --- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote: > > Bah AA mana lanjutan carita cersil teh? >
