heuheu, nuhun bah, tos ngahususkeun ngawaler tanggapan kuring.
nepi ka ayeuna, terus terang we, rumasa kuring mah can pasti kana nyikepan
dawuhan rosul muhammad nu nyebat 'tong cangcaya sagemblengna, ngan oge tong
ditolak sakabehna' kana injil nu aya ayeuna. kumaha cara milah-milih nu
kudu dipercaya jeung ditolak, kuring mah masih bingung.

mangkana, kana ungkara-ungkara, cara makar tea, nu dipake ku abah dina
ngabahas nyi roro kidul dikuat-kait ka jin jeung iblis teh kuring mah
helok. takjub. nepi ka ngarasa asik pisan...

:)

2012/4/28 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Seratan Dudi HerlianTO:
> Re: [kisunda] Re: NYI RORO KIDUL SALAH SAHIJI TI JENIS JIN (IBLIS)
>
> makar? haruh! beuki asih wae si Abah mah heuheu. ngajungkelkeun Pangeran
> tina korsina? abdi can kungsi ngadangu dina hasanah carita islam mah eung.
> tiasa janten bah abas mah ngarujuk ka carita lusiper tea nya?
>
>
> Abbas Amien sinerat :
> Nya ti mana we atuh sumberna mah.
> Nu jelas di Qur_an Iblis teh caritana mah geus taluk we; geuss serah
> bongkokan we;
> teu terang uta ieuna mah.
>
> Untung urang sarerea dipasihan BRAIN/CHIP ku mantenna; puterkeun logika ;
> kumaha bla blana si Iblis bet disebut sombong; kumaha bla blaabla na bet
> TALUK pisan serah bongkokaan ?
>
> Tambih we ku HIDAYAH ti MantenNa. Nya jadi we nu diguar ayeuna.
>
> cek inspirasi ( kisikan halus dari Tuhan melalui CHIP yang ada di kita ) :
> Bas tah kitu caritanaa mah; taah kuma maneh we mulasna mah .
>
> Kitu tah kang DUD. kumaha satuju ?
> Hahahaha !
> mun teu satuju ....................  hehehehe manjangkeun/ngeuyeubkeun
> tulisan di Ki Sunda.
>
>
> :)
>
>  ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke