Mun numutkeun elmu etnologi sakumaha anu diungkapkeun ku Ka Rifki, jelas yen 
masyarakat Baduy (lain suku Baduy sakumaha sebutan kiwari) mangrupakeun suku 
bangsa Sunda. Ciri-ciri anu kiwari katembong henteu jauh jeung masyarakat Sunda 
modern nyaeta basa anu digunakeun masyarakat Baduy nyaeta basa sunda
Ciri anu spesfik tina masyarakat Baduy nyaeta masalah duduluran jeung tatanen. 
Mun nempo ka masyarata Sunda modern, aya salah sahiji pola tatanen anu henteu 
lepas dina kahirupanana nyaeta ngahuma.
Terus ngenaan Miss Indonesia asal Banten ditanya ngenaan  suku asli urang 
Banten dijawabna suku Baduy kurang tepat. Da Banten mangrupaken ngaran Daerah 
dimana masyarakatna multi etnik jeung budaya. Mun dijawab suku asli Banten  
nyaeta "suku sunda". Pikeun nguatkeun pengakuan yen di Banten suku aslina 
sunda, mangka masyarakat Baduy salah sahiji conton masyarakat sunda tradisional 
anu aya di Kampung Kanekes sabudeuranana anu katelah suku Baduy. Da ningali 
pola kalakuan masyarakat Kampung Naga di Tasikmalaya teu beda jauh jeung 
Masyarakat Baduy boh dina masalah tatanen, kamasyarakatan, bentuk wangunan imah 
jeung bahasa. Naha mun aya anu nanya suku asli urang Jawa Barat dijawab Suku 
Naga? Da meureun dijawab "Suku Sunda"
  

________________________________
 Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Senin, 30 April 2012 13:10
Judul: Re: [kisunda] Re: Miss Indonesia
  

 
   
 
mun ditaroskeun ka badan pusat statistik (bps) mah, banten teh salasahiji etnis 
di indonesia.

ngomongkeun data etnis, keur sakuringeun mah matak lieur. utamana mun keur 
survey di daerah jakarta, banten, jeung luar jawa. jumlah penduduk dumasar 
etnis tina hasil survey arang klop jeung bogana bps. cekeng, eta teh alatan 
etnis didata ukur tina aakuan penduduk.  

dina kasus banten jeung dki, sabab garis pangwates antara etnis jawa, sunda, 
banten jeung batawi henteu jelas, ku kitu, rea urang jawa/sunda nu ngaku batawi 
atawa banten, jeung sabalikna.

beda jeung kasus di luar jawa. di luar jawa mah etnis teh hartina deukeut jeung 
tempat cicing. jadi rea nu ngaku etnis manehna teh sarua jeung aran desa, aran 
kacamatan, atawa aran kabupatenna sewang-sewangan. 

jadi teu aneh, mun aya etnis baduy jeung banten teh. da, depinisi etnis mah teu 
(acan) jinek. gegedena mah dumasar kana aakuan wungkul.

:)


Pada 28 April 2012 22:42, Tubagus Rifki L <[email protected]> menulis:

 
>  
>Banten lain suku, komo Baduy. Taroskeun ka tukang etnologi geura ge..
>
>Loba elmu nyiliwuri, elmu nu sasab. Nu nyebut suku Banten eta ahlul Bid'ah.
>
>TiRiLik
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
>
>
>--- In [email protected], Gus Maman <manz2002@...> wrote:
>>
>> 
>> Pembawa acara nanya ka peserta : "suku asli urang banten adalah ?" 
>> Dijawab ku peserta: "baduy!". 
>> 
>> Salah teu nya pertanyaan na ?
>> 
>> Salam
>> mz
>>
>
>  
>_

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
   
      

Kirim email ke