Rada bareureum beungeut Utari, tapi terus we nyarita
deui:”Nya atuh keur kasaean Kang Mas we; da kapan ayeuna mah Tari geus gede;
nya hayang we ngabagi asih ka Kang Mas.” 

“Hahahaha! Ki Demang seuri mani nyakakak. 

Atuh Utari beureum deui beungeutna, pok nyarita:”Naha mani
nyakakak kitu ? naon nu lucu, Kang Mas Demang ?” 

“Enya Tari ayeuna mah geus gede, geus cukup rarabi.
Hahahaha.”Cek Ki Demang. 

“Kang Mas ge kapan durung Rabi; ma enya adina miheulaan.” 

“Hahahaha, teu naon2 Tari; Kang Mas dipiheulaan ge ridho.
Demi adi Kang Mas nu ngan ukur hiji2na. Hahaha. Sok rek ka saha Tari hayang
rarabi teh.” Utari teu ngawalon lantaran kaeraan jeung beureum beungeut, ngan
belecet we lumpat ngejat ti kamar Ki Demang. Ki Demang ngan ukur seuri we nenjo
polah Utari kitu teh, tapi manehna yakin yen Utari sigana katarik ku Jalma; ah
keun urang jodokeun we sakalian; da Jalma ge lain jelema jore2; manehna boga
hubungan jeung Kumpeni, tangtu gampang neangan pakasaban naon ge; jeung pastina
ge bakal alus milik tah Ki Jalma teh. Enya ah isukan ku aing urang tawaran we
sina digawe di Kademangan. Ki mertoyo seuri bungah, yen manehna bakal nempo
adina bagja jeung gumbira. Terus we ka ranjangna guher we sare. 

Ari Jalma kira2 Jam 3:00 sanggeus shalat Tahajud, rerencepan
ngahudangkeun Si Bejo; Si Bejo geus rek nyorowok, tapi gancang dibekep ku
Jalma; sanggeus lilir, gasak gisik, barang rek ngomong ku Jalma diisaratan ulah
gareuwah; tuluy Bejo ngomong lalaunan:”Rek naon Jalma; masih peuting keneh
pisan ? ngahudangkeun uing ? aduh tunduh.” Barang rek sare deui diguyah guyah
deui ku Jalma; pok ngomong lalaunan:”Ayeuna urang kudu gura giru indit ti dieu,
ayeuna keneh, samemeh engke dihalangan, utamana ku Utari.” 

Ampir Ki Bejo nyakakak, ngan kaburu dibekep deui ku Jalma;
nya sanggeus sibeungeut si Bejo nuturkeun Jalma indit ti kademangan.
HANCA
 

Kirim email ke