Hehehe. Jigana ngarah uing kapuji ku Bah AA, uing rek ngomentaran kieu:

"Haduh Bah AA, mani matak kataji eta ku lalakon Jalma. Jalmi soleh pisan,
nyantri, getol sholat, gagah, kasep, handap asor, nyaah ka sasama.
Kulantaran kitu dipkiraresep ku sakur wanoja. Tong boro ku parawan, dalah
rangda, oge nini-nini, matak kairut ku jalma mah. Ieu carita teh mungguh
tiasa dijantenkeun eunteung pikeun balarea, dina enggoning hirup kumbuh
sapope. Geuning ari jalma soleh mah matak dipikaresep kusaha wae."

Tah kitu atuh, komentar uingna nya Bah AA. Ngarah kembung pangambungna.

2012/5/7 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Nu pang genahna di na ngomentaran mah Kang Yadi; model kieu : Tah Jalma
> teh ulah ngan ukur gelut terus ngahampura; kudu aya nu matina; atawa tanpa
> daksa bla bla bla .........
>
> eta komentar hartina; enyaan Kang Yadi concern ka na jalan carita.
> Masing sakali mangsa mah kurang tenget; tapi sacara Umum, Kang Yadi hade
> pisan apresiasina.
>
> Kumaha ari KH jeung SP ? ah eta maah mun bisa mah KRITIKNA wungkul. geus
> kitu mah pes we.
>
> Kumaha nu sejen, umumna ?
> Sigana mah ti batan euweuh bacaeun, nya dibaca. Masih untung nyebut nuhun
> ge atawa teraskeun, Sigana mah POHO2 acan ka nu geus kaliwat !
> Hehehehehe, teu naon2; keun we UING meungpeung keur resep nulis; dibaca
> sukur teu ge teu naon2.
>
> Dibaraca ath Alhamdulillah; dikilatkeun ge Alhamdulillah. Atuh teu di
> buka2 acan oge sami Alhamdulillah.
>
>

Kirim email ke