EPISODE 52 : Dukuh Ngawi 

   

Ayeuna Jalma geus nepi ka hiji pilemburan nu teu pati gegek
teuing; Ngaranna Dukuh Ngawi; di dinya aya Pasantren leutik nu cenah di pimpin
ku Embah Lanang nu masih tuturunan murid Sunan Kali Jaga. Nya Jalma nyimpang ka
dinya. 

Terus we Jaalma nepungan Embah Lanang bari ngenalkeun; kaciri
Embah Lanang Kacida atoheunana didatangan ku Jalma teh; Jalma di hiap2 malah
ulah rek gancang indit sok we di dieu sabaraha poe atawa minggu ge pasti
ditarimana; jeung ulah sieun teu dahar cenah.  

Jalma jeung Ki Bejo ge nya nyimpang we ka dinya; malah
peutingna milu disatukangeun murid2 pasantren; harita keur talaah Kitab
Jurumiyah. Ari Ki Bejo mah kaciri teu ngarti saeutik eutik acan, gawena ngan
heuay we; mun teu di tepakan ku Jalma mah, ti tatadi geus sare meureun. 

Sanggeus ngaji jeung shalat Isya; terus we kalaluar ka
palataran; aya limaan murid pasantren nu teu baralik ka kobong; terus we
nuturkeun Embah Lanang; Jalma jeung Ki Bejo oge milu nuturkeun. 

Barang nepi ka palataaran; nu lima saringkil terus we latihan
kanuragan; nu diawaskeun langsung ku Embah Lanang. Bari seuri Mbah Lanang
nyarita ka Jalma:”Yeuh Jalma , Limang murid iku sampun pitu taun melu nglatih
kanuragan; pasti sampeyaan oge Pendekar nya ?” cek Embah Lanang ngalelekan. 

Embah Lanang :”Da moal mungkin sampeyan iso ka dukuh iki, mun
sampeyan teu boga ilmu kanuragan. Tah coba sampeyan ulin tuh , jeung salah
sahiji murid Kulo.” 

Jalma nyerengeh; terus we nunjuk ka Ki Bejo:” dulur Kulo iki,
arep nyoba metakaken kabodohan.” 

Teu ngadua kalian di titah, si Bejo terus we maju; Mbah
Lanang nitah ka hiji muridna; ngaranna Ki BEDU, supaya ngalayanan; tapi cenah
ieu mah lain tanding enyaan ngan ngaduduluran, cenah. Demi ieu Mbah Lanang teh
Kacida resepeunana ka na masalah silat/kanuragan; unggal2 aya semah ti jauhna
ka dinya sok terus we diajak ngadu Silat; rata2 semah teh sok areleh ku elmu
Silat Mbah Lanang teh, lantaran cenah Silatna aliran Sunan Kalijaga nu kasohor
sakti. Loba semah nu ahirna milu diajar silat ka Mbah Lanang, sakalian ngaji.
Di Dukuh eta mah euweuh Oah2 nu wanieun cicing; kabeh ngajarauhan, lantaran
sieuneun ku murid2 Mbah Lanang, ari pakasaban urang dinya nya biasa we tatanen.
Tah ayeuna ge Jalma keur diuji ku ieu Mbah Lanang, nya Jalma ngidinan Ki Bejo
nyoba2.HANCA
 

Kirim email ke