"Terharu" sigana leuwih pas ditarjamahkeun jadi "ngahelas". Tapi bisa oge "kagagas". Ngan, "kagagas" mah biasana patali jeung mangsa anu geus kaliwat. Aya kecap anu rada deukeut kana kagagas, nyaeta kecap "waas". Ngan, biasana "waas" mah dikaitkeun jeung hal-hal anu matak pikaresepeun anu kajadianana dina mangsa anu geus lila kaliwat ( B. Ind: "terkenang"). Aya deui anu rada padeukeut jeung "waas", nyaeta kecap "baluas". Tah, asana, kecap baluas mah semacam "kenangan" anu matak pikasediheun. Kukituna, "terharu" sigana leuwih condong sarua jeung "kagagas". Sabab, dina soal waktu, apan "terharu" teh teu kudu pakait jeung waktu anu geus lila kaliwat wae, malah bisa oge "terharu" teh dina mangsa ayeuna pisan. Anapon "trenyuh" asana eta mah kaayan leuwih jero tina "terharu".
manar 2012/5/9 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Bisa milih: kagagas, ngahelas, sedih kingkin, > > 2012/5/9 Abbas Amin <[email protected]> > >> ** >> >> >> Cing saha nya nu apal, naon sundana kecaap2 di luhur ? >> >> Khususna ka : Ki Hasan 3 Rut; Kang Kumincir, sareng Kang Oman. >> >> Sok lah diantosan pisan. >> >> Nuhun sateu acanna. >> >> > >
