Tah palebah titik-titik, da teu kudu riab-riab teuing titikna, kaolok-olok
tempat, jeung rada sareukseuk we deuih katinggalina, loba teuing titikna
teh. Jaba panon kudu luluncatan macana. Matak tereh cape nu maca eta teh.
cukup tilu-siki ge titikna.

2012/5/9 oman abdurahman <[email protected]>

> **
>
>
> Sigana anu pas dina padalisan di handap ieu mah nya kecap "ngahelas"
> (minangka tarjamahan tina kecap "terharu"). Neda widi abah, si kuring
> nyoba-nyoba ngaracekan deui eta padalisan, hasilna siga kieu:
>
> “Ah ! Jalma ……….  Jalma ………. Ilaing mah sok ngarasa jago sorangan,
> satriya sorangan……………. Naha batur teu meunang nunjukeun jiwa satriyana, hah
> !?”
>
> “Uluh2 itu Ki Bejo, ari geus ngambul ………… hahahaha …………. Heug atuh milu ……
> naha *Kowe* wani *karo* si Mawar hideung !?”
>
> “Hahahaaha !  Saenyana mah rada degdegan, *kulo ngaku*. Tapi kuring
> leuwih sieun mun ditinggalkeun ku *Kowe* ! hahahaha !”, walon Ki Bejo
> “Hahahaha ! Jalma oge milu nyakakak. Tetela ayeuna mah Ki Bejo teh enya2
> bumelana ka manehna teh. Jalma ngahelas oge ku kasatiaan Ki Bejo. Masing
> enya sieun ge diwani-wanikeun we sigana teh. Hese neangan jelema saperti
> kitu mah. "Ah, aaing teu salah mawa Ki Bejo", ceuk Jalmaa dina hatena.
>
> Diropea sakedik. Mangg wae bandingkeun sareng anu sateuacanna.
>
> Nuhun.
> manar
>
> 2012/5/9 Abbas Amin <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Nuhun ka kang Oman ki Hasan 3 rut sareng kang Lee kelana; oge ka sadayana
>> nu maparin kecap sundana tina trenyuh sareng terharu.
>>
>> Tah dihandap kalimahna teh; cobi sigana ngahelas nya nu pang pas/cocog na
>> mah ?
>>
>>
>> “ah ! Jalma ……….  Jalma ………. Ilaing mah sok ngarasa jago sorangan,
>> satriya sorangan……………. Naha batur teu meunang nunjukkeun jiwa satriyana hah
>> !?”****
>>
>> “Uluh2 itu Ki Bejo, ari geus ngambul ………… hahahaha …………. Heug atuh milu
>> …… naha Kowe wani karo si Mawar hideung !?”****
>>
>> “Hahahaaha ! Enya saenyana mah rada degdegan Kulo Ngaku. Tapi kuring
>> leuwih sieun mun ditinggalkeun ku Kowe ! hahahaha !”****
>>
>> “Hahahaha ! Jalma oge milu nyakakak; tetela ayeuna mah Ki Bejo teh enya2
>> bumelana ka manehna; manehna ngarasa “terharu’ ( naon atuh Sundana nya ?)
>> oge ku kasatiaan KI Bejo; massing enya sieun ge diwani keun we sigana. Hese
>> neangan jelema saperti kitu mah. Ah aaing teu salah mawa Ki Bejo; cek
>> Jalmaa na hatena.****
>>
>>
>

Kirim email ke