Pamendak abdi mah Bah Oman, pami ngahelas mah langkung kana sedih tur karunya. 
Kieu panginten kalimahna: budak dua teh paungku2 di hareupeun layon indung 
bapana, matak ngahelas nu ningalina...
kalan-kalan ngahelas oge sok palih gentos sareng dareuda, contona: si nyai teh 
nyaritana bari ngahelas, bakat ku sedih sigana mah...

Nuhun,

-----Original Message-----
From: oman abdurahman
Sent:  09/05/2012 3:01:43 pm
Subject:  [kisunda] Re: [Urang Sunda] trenyuh jeung terharu

Sigana anu pas dina padalisan di handap ieu mah nya kecap "ngahelas"
(minangka tarjamahan tina kecap "terharu"). Neda widi abah, si kuring
nyoba-nyoba ngaracekan deui eta padalisan, hasilna siga kieu:

“Ah ! Jalma ……….  Jalma ………. Ilaing mah sok ngarasa jago sorangan, satriya
sorangan……………. Naha batur teu meunang nunjukeun jiwa satriyana, hah !?”

“Uluh2 itu Ki Bejo, ari geus ngambul ………… hahahaha …………. Heug atuh milu ……
naha *Kowe* wani *karo* si Mawar hideung !?”

“Hahahaaha !  Saenyana mah rada degdegan, *kulo ngaku*. Tapi kuring leuwih
sieun mun ditinggalkeun ku *Kowe* ! hahahaha !”, walon Ki Bejo
“Hahahaha ! Jalma oge milu nyakakak. Tetela ayeuna mah Ki Bejo teh enya2
bumelana ka manehna teh. Jalma ngahelas oge ku kasatiaan Ki Bejo. Masing
enya sieun ge diwani-wanikeun we sigana teh. Hese neangan jelema saperti
kitu mah. "Ah, aaing teu salah mawa Ki Bejo", ceuk Jalmaa dina hatena.

Diropea sakedik. Mangg wae bandingkeun sareng anu sateuacanna.

Nuhun.
manar
2012/5/9 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Nuhun ka kang Oman ki Hasan 3 rut sareng kang Lee kelana; oge ka sadayana
> nu maparin kecap sundana tina trenyuh sareng terharu.
>
> Tah dihandap kalimahna teh; cobi sigana ngahelas nya nu pang pas/cocog na
> mah ?
>
>
> “ah ! Jalma ……….  Jalma ………. Ilaing mah sok ngarasa jago sorangan,
> satriya sorangan……………. Naha batur teu meunang nunjukkeun jiwa satriyana hah
> !?”****
>
> “Uluh2 itu Ki Bejo, ari geus ngambul ………… hahahaha …………. Heug atuh milu ……
> naha Kowe wani karo si Mawar hideung !?”****
>
> “Hahahaaha ! Enya saenyana mah rada degdegan Kulo Ngaku. Tapi kuring
> leuwih sieun mun ditinggalkeun ku Kowe ! hahahaha !”****
>
> “Hahahaha ! Jalma oge milu nyakakak; tetela ayeuna mah Ki Bejo teh enya2
> bumelana ka manehna; manehna ngarasa “terharu’ ( naon atuh Sundana nya ?)
> oge ku kasatiaan KI Bejo; massing enya sieun ge diwani keun we sigana. Hese
> neangan jelema saperti kitu mah. Ah aaing teu salah mawa Ki Bejo; cek
> Jalmaa na hatena.****
>
>  
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke