saleresna mah sombong teh ngan ukur milik kagungan Allah. Nu matak Allah ngahukum ka iblis, lantaran rek nyaruaan Allah.
Ari masalah jelema gede HULU mah; panginten karaos ku kang SP nyalira sanes ? Kantenan waktos urang ngawitan lebet ka hiji milis mah; asa jadi lalaki langit lalanang jagat nya ? --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: > > Kecap sombong teh hartina adigung, gede hulu, asa aing. Sifat ieu sabenerna > dipiboga ku Iblis, sakumaha dijelaskeun dina al Qur'an (QS Al A'raff : > 11-18). nyaeta para Malaikat jeung Iblis titah sujud ka Adam. Para Malaikat > sujud kacuali Iblis. Kunaon Iblis embung sujud ka Adam, padahal eta parentah > datangna ti Allah. Iblis embung sujud ka Adam kusabab si Iblis ngarasa leuwih > hade jeung mulia batan Adam. Manehna diciptakeun tina sene sedengkeun Adam > tina taneuh, ceuk Iblis seuneu leuwih mulia batan taneh. > Akh kuring mah moal rek ngabahas leuwih jero, ngenaan sombong. > Ieu mah pangalamn hirup kuring basa udar ider numpak kapal luhur Mun rek > lalampahan kuring sok pesen tempat diukna deukeut jandela, ameh bisa nempo ka > handap. Subhanallah, dina kapal luhur kuring nempo ka handap eta imah, > gedong-gedong anu luhur, jalan raya katempo leutik pisan. Di handap eta loba > aktivitas manusa. Dina kahirupan sapopoe manusa anu jumlahna milyaran di > luhur dunya, dina jumlah anu milyaran eta aya sabagean manusia katerapan > sifat "Sombong". Nya sombong ku harta, sombong ku pangkat jeung jabatan, > sombong ku elmu panganyaho jeung lain-lain. Kasombongan anu aya di diri > manusa, dibandingkeun basa kuring numpak kapal luhur nempo ka handak, eta > manusa manusa anu boga sifat sombong sabenerna manusa-manusa anu lemah, > leutik teu aya naon-naon jeung Pangeran Murbeng Alam. Geuning kahirupan > manusa teh sacangkewok....................Subhanallah, Enjeun Anu Maha Suci > jeung Anjeun Anu Maha Agung. Na kunaon eta si Ajot teh meni gede hulu pisan!!! > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
