lajengkeun bah Aa... lain, dititenan teh asa tara pati dicaritakeun jurus-jurus nu sok dipake gelut boh ku jalma boh ku tokoh nu senjen. jigana mun diaranan eta jurus-jurus nu dipake gelut teh pasti tambah hebat ieu cersil teh. geuning jiga dina pilm naruto, aya kage bushin no jutsu, rasengan, sharingan, mangekyu, chidori,jrst.
sakali deui nuhun bah. bieu teh keur nundutan, pas ningali cersil jadi cenghar deui yeuh... ________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 10 Mei 2012 11:31 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 172 panjang Episode ka 53 : Alas Kobar Setan Alas kobar, geus lila paeh ku sabab tarung jeung Mawar Hideung; tapi setan alas Kobar teh boga murid tilu, nu tiluanana oge jaradug; Gorombolan Alas Kobar geus bubar, lantaran diacak acak ku Mawar Hideung; tapi ayeuna di Alas kobar geus mucunghul deui hiji gorombolan nu make ngaran “Macan Telu”; ieu gorombolan Macan Telu teh, boga patekadan hayang males pati ka Si Mawar Hideung; nu mimpin ieu gorombolan, teh nya eta Tilu murid Setan Alas kobar; nu ngaranna ka hiji Ki Subali; kadua Ki Maruto jeung nu katilu Ki Gento. Kakara ge sabulan eta gorombolan Macan Telu teh geus kasohor, lantaran saha we nu wani ngaliwat ka daerah Alas kobar, tangtu moal salamet; pasti barang bawaanana dirampas. Sigana si Mawar Hideung can ngadenge yen di alas kobar aya deui gorombolan; sedengkeun si Macan Telu, nya eta Subali, Maruto jeung Ki Gento malah nungguan hayang gura giru amprok jeung si Mawar Hideung. Oah2 nu dareukeut ka dinya mah, kapaksa taluk ka ieu Macan Telu. Tapi samemeh jadi Jadug di Alas Kobar, Si Tilu jago nya eta Subali, Maruto, jeung Gento geus ngaguyurkeun Karajaan Mataram; lantaran cenah maranehna nu Tilu Jago kungsi dikepung ku Penatus Joyo Sengkolo ti Madiun, lantaran ngacowkeun daerah Madiun; tapi eta nu tiluan bisa lolos; malahan Ki Penatus jadi tanpa daksa; ari pasukanana burak barik; ti semet harita les we eta Tilu jagoan teh ngiles ti Madiun; malah baralik ka Alas Kobar, sigana mah rek males pati ka Mawar Hideung. Tapi ku sabab si Macan Telu ieu geus nyieun karaman ka Kadipaten Madiun, nya tangtu diarah ku Pasukan Mataram; nu matak si Macan Telu can wani nembongan terang2an. Tah nya di alas Kobar ieu, manehna ngadegkeun gorombolan Macan Telu nu dipikasieun tea. Tumenggung Purworejo ge geus ngadenge hawar2 aya eta gorombolan nu dipimpin ku Macan Telu; tapi ku sabab teu pati ngagalaksak, jeung loba deui urusan nu leuwih penting; Tumenggung Purworejo ngantep heula, tapi nyilidik mah terus. Tah Jalma harita, geus nepi ka eta alas Kobar , manehna oge dibejaan ku urang lembur samemehna; cenah kade mun ngaliwat Alas Kobar kudu ati2; lantaran kadang2 sok aya cegatan ti Gorombolan Macan Telu. Memang eta gorombolan teh tara unggal poe megatan nu ngaraliwat; waktuna tara tangtu; komo ayeuna mah sudagar nu ngaliwat teh euweuh nu wani ngaliwat ka dinya; maning keneh nguriling ceuk paribasana. Padahal mah operasina Gorombolan Macan Telu, teu tangtu; kadang2 jauh ti eta Alas Kobar; ngan lamun geus nancepkeun bandera Tilu Macan, rampog2 sejen nyaringkah teu wani pasalia jeung ieu Macan Telu. Saenyana loba gorombolan sejen nu hayang ngusir gorombolan Macan Telu ti Alas Kobar; lantaran ngaganggu ka na pakasaban maranehna; kadua sieun kabarerang ku Pasukan Mataram. Tapi maranehna teu wani, atawa masih ragu2 ka na kakuatan diri maranehna; naha sanggup teu ngalawan ieu Macan Telu ? Jadi saenyana mah ieu Gorombolan Macan Telu teh loba musuhna; tapi maranehna teu gentar, maranehna malah sering nalukkeun gorombolan begal laleutik, nu deukeut ka dinya; ngahaja dijorag ka sayangna; nepi ka kadang2 banjir getih. Jalma geus apal ka na Kasakten Setan Alas kobar, ti na caaritaan Mbah Lanang; ayeuna Macan Telu murid2 Setan Alas Kobar; tangtu lain sisiwo kadigjayanana, tapi Jalma teu gimir, terus we maju dituturkeun ku Ki Bejo; nu oge kaciri teu aya riuk2 gimir sama sakali. Lantaran yakin ka na kajagoan Jalma. Harita poe kira2 waktu carangcang tihang, Jalma jeung Ki Bejo asup ka jajalanan di eta Alas Kobar; Jalma teu kaciri culang cileung maju we terus ka hareup, tanda boga hate nu buleud. Ki bejo oge nuturkeun baari jeung waspada. Masing sakumaha tetegna ge Ki Bejo rada culaang cileung, lantaran masing kalah kumaha oge Ngaran Si Macan Telu geus sohor pisan; masing can nandingan guruna Si Setan Alas kobar. Ayeuna Jalma geus aya ditengah leuweungna pisan; jadi maju terus atawa balik deui ge sarua jauhna. Nepi ka geus beurang kitu can panggih aya nu nyurigakeun; nya Jalma eureun heula bari murak timbel nu dibawa ti lembur samemehna. Barang duanana keur nimaat dalahar…. hahahahahahahahahaha … aya sora nu seuri ti jero leuweung; karasa eta sora aya tanaga gaibnaa da nepi ka ngageter nu ngadengekeunana, boh Jalma boh Ki Bejo; hartina eta nu seuri boga tanaga jero nu lumayan hebat. Gancang we Jalma jeung Ki Bejo ngarengsekeun dalaharna ; terus we nangtung bari oge nyalurkeun tanaga jero supaya ulah kapangaruhan ku sora seuri nu ngagakgak tea. Eta seuri nu panjang jeung ngagakgak teh ahirna eureun; terus aya nu laluncat ti na sisi2 kai; lobaan . Nu mimiti ka dinya tilu jelema; terus disusul ku nu sejenna ; rata2 paromanna barosongot matak sawan budak. “hehehehe, cek jelema begang jeung cekrang, teu siga2 jago; beungeutna oge semu pias; andika maih ngarora keneh geuning, nyata arandika boga wawanen nu gede. Tapi naha eta wawanen kasartaan jeung elmu nu dicekel !” Hahahaha !” Terus nu sejenna oge milu sareuri. Jalma langsung we nanya :”Eh arandika sedoyo sopo ? lan opo mangsude sampeyan sedoyo !?” “Hahahaha ! Eh dulur2 pantes teu ieu budak kamari sore nanya kitu ka Kula !?” Nu Jangkung gede satukangeun si cengkrang maju ka hareup, terus nyentaak :”Heh ! budak ngora ! Nu kudu nanya teh Kaula ! Lain sampeyan ! Rek naon sampeyan aya di dieu hah !?” Jalma gancang ngajawab:”Hehehehe, mun teu salah ieu teh jajalanan umum nya kuring rek indit ka Bantul, nya kudu ngaliwat ka tempat ieu, wajar we atuh.” Si Pedekrek oge satukangeun si kerempeng, maju ka hareup :”Nyaho henteu arilaing keur nyanghareupan saha hah !?” Jalma:”Nu mataak Kulo tadi nanya ge, lantaran teu apal !” Si Jangkung gede nyentak deui :”Mustahil maneh teu nyaho ? yeuh ieu teh Alas Kobar, nu ngawasana nya eta Macan Telu; tah ieu Kang Subali; manehna bari nunjuk ka sikerempeng; ari Kulo Maruto; itu nu pedekrek Ki Gento.Tah maneh geus ngadenge ayeuna, sok gura giru menta ampun geus ngotoran ieu tempat teu menta idin heula !” Jalma:”Gampang ari menta maaf mah; kula moal beurat; ngan ti iraha ieu leuweung dikawasa ku aranjeung sakabeh !?” Atuh geus teu kaampeuh deui eta nu tiluan teh amarahna; tapi barang rek gerak; anak buahna ti tukangeun bari mesat bedog pok ngomong:”Keun we ieu mah bagian Kulo ! keun we Tilu Jago mah teu kudu turun, ngotoran. Barina ge budak leutik kieu mah tong diajak ngobrol maning diperenan we. Ngomongna kitu bari luncat ka hareupeun Jalma bari ngabulang balingkeun bedogna. Diantep we ku Pamimpin nu tiluan teh teu dicegah. Ki Bejo nempo aya nu ngabulang balingkeun bedog geus teu sabar deui; heat gusrak treng ! bedog jeung jelemana harita keneh tipecleng ! Atuh para gorombolan Macan Telu teh mani hookeun, ku sabab teu nyangka ngan sakilat pisan Ki Bejo ngaringkang baladna geus tijurahroh ! Mani karageteun jeung reang sora karaget. Ki Subali luncat ka hareup :”Heh dulur2 caricing ! ulah gerak; keun ieu jelema teh bagean Kulo tiluan !” Terus Subali Ki Wiro jeung Gento nyanghareupan Ki Bejo; Ki Bejo oge taki2 lantaran pastina ge eta nu tiluan teh lain jadug sambarangan; ngan Jalma nu masih kalem teh; nempokeun heula ketakna eta para gorombolan nu keur ngepung manehna duaan. Ki Gento si Pedekrek geus patukeur tonjokan; duanana sarua tangginasna. Ki Gento seuri mani ngagakgak:”Hahahaha ! bener jago oge Kowe ! Paingan atuh wani pisan ngaliwat ka ieu leuweung. Tapi nyanghareupan Maung Telu ulah sambat kaniaya; pasti sampeyan ngajadi babatang. Hahahaha !” HANCA
