Ayeuna kacaturkeun tos ka 176 na. Hehehehe

--- In [email protected], Yoga Stia Permana <d_gout@...> wrote:
>
> di antos deui  ki hancana...
> 
> 
> ________________________________
>  From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Sent: Sunday, April 22, 2012 10:48 PM
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 159
>  
> 
>   
> Sudewo:”Eh ki silah; maneh teu meunang ngobrol jeung Utari;
> sumawonna wani2 ngadeukeutan mah !”
> Jalma:”Lamun Utarina nu ngadeukeutan, kumaha !”
> Sudewo :” Siana nyingkah! Bodo !”
> Jalma :”Lamun kuring teu daek, rek naon andika !?”
> Ki Sudewo geus teu kaampeuh deui ambekna terus wae mere
> isyarat ka babaturanana supaya newak Jalma; Ki Bejo rek maju, tapi keukeuh
> dihalangan ku Jalma. Ah meureun Jalma boga rencana sejen deui, keun we antep.
> Hahahaha. Ngan eta pikasebeleunana Jalma , teu mere kasempetan pisan ka aing;
> padahal ieu leungeun geus ateul. Hahahaha. Mun ku aing, eta si Sudewo jeung
> baturna bakal sina nyembah. Hahahaha. Ki Bejo norowecco deui di na hatena.
> Babaturan Sudewo nu limaan, terus ngaronom ka Jalma; digusur
> rek dibantingkeun ! Tapi boro2 bisa ngabanting Jalma, ngagusur ge teu bisaeun 
> ?
> Sudewo jeung babaturanana karageteun pisan; weh naha hese
> pisan ngageser ieu jelema atah adol teh, kunaon nya ? Geus teu mikir naon2 
> deui
> sret ! nu limaan maresat bedogna; barang Jalma nempo kitu langsung luncat bari
> nyorowok :”Tah bagean maneh Bejo !”
> Atuh Si Bejo atoheun pisan terus we luncat nyikat eta lima
> prajurit; ari Jalma langsung luncat ngadeukeutan Sudewo. Beungeut Sudewo mani
> sepa; manehna ayeuna mah sadar yen nu disanghareupeun lain jelema jore2; enya
> ge ngora keneh; ti na gerakanana manehna maphum yen Jalma teh hiji pendekar;
> atuh barang Jalma nyampeurkeun , lain ngalawan malah rampohpoy, tuluy sembah2
> menta dihampura; ayeuna mah Ki Sudewo sieuneun pisan ku Jalma; ku sieun2na
> manehna nepi ka wer2 kiih.
> Kumaha ari Ki Bejo jeung lima prajurit ? Ngan sakilat2 bedog
> limaanana geus dirampas ku Ki Bejo; terus ngahaja dipulangkeun deui ! terus Ki
> Bejo siap deui bari nyarita:”Hahahaha, sok kadieu serang deui sok sing enya2
> atuh ! moal enya gelut kitu !?”
> Para prajurit nempo kahebatan Ki Bejo, ngadadak awakna asa
> lungse maranehna boro2 wani deui, da kapan tadi ge bedog maranehna dirampas;
> laju sakabehna ngalungkeun bedog2na; terus wae dariuk bari nyembah2 menta
> dihampura !”
> “Teu puguh arilaing tarung teh ! Sok nangtung deui siah,
> kaluarkeun kabisa.”
> “Aduh ampun Pendekar; kuring taluk, kuring moal wani2 deui.”
> “Enyaan siah moal wani2 deui ? Moal jalir jangji !?”
> “Moal Pendekar, kula bakal nurut.”
> Ki Bejo:”Eh bisi panasaran, jung siah bejakeun ka babaturan
> maraneh nu saratus ! sok kadieu bawa kepung Uing; ku uing ditungguan !”
> Para prajurit:”Kulo sedoyo ora wedi, Pendekar. Ampun Pendekar
> !”
> Jadi ahirna si Sudewo nu rek ngagertak, malah sabalikna
> ayeuna kagertak ku Jalma jeung Ki Bejo; enyaan genepanana kaciri sieuneun 
> pisan
> ku Jalma jeung Ki Bejo. Ahirna Jalma ngaleos, ninggalkeun eta genep prajurit 
> nu
> masih dariuk na taneuh; si Bejo Kacida puasna lantaran Jalma ahirnaa mere
> kasempetan oge ka manehna. Manehna oge muji ka na cara Jalma nalukkeun 
> musuhna.
> Ah enyaan bisaan Jalma mah, manehna siga ngelehan maneh; tapi ku cara kitu
> musuhna leuwih taluk jeung sieun. Hahahaha. Enyaan bisaan Jalma. Teu percuma
> aing nuturkeun manehna. Sajajalan Ki bejo seuseurian di na hatena. Tapi sakali
> waktu mah kalepasan jadi nyakakak sorangan.
> “Ku naon Bejo ?”Cek Jalma nanya ka Ki Bejo; lantaran nyakakak
> teu puguh2.
> “Hahahaha……….. uing teu tahan ngemu ieu seuri ! Hahahaha,
> bisaan maneh mah nyieun lulucon teh.”
> “Hahahaha !” ahirna Jalma ge teu kuat nahan piseurieun terus
> we duanana nyakakak.
> HANCA
> 
>  
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke