Di jero
Kacida beresihna, tanda diurus dipiara dihade hade; Jalma jeung Bejo dititah
dariuk, tunggu cenah ndoro dandan heula.
Teu lila
kaluar nu disebut Ndoro Lasmini tea; enya we teu salah omongan nu boga imah nu
dianjrekan ku Jalma, geulis eta Mbak Lasmini teh. Tapi sidik eta teh si Mawar
Hideung, da Jalma ge apal; tapi ayeuna mah tampilanana Kacida bedana. Ari Mawar
Hideung mah, gesat gesut bari jeung hayang tarung; tapi ari nu ieu mah sopan
pisan, bari darehdeh, estu jauh we ti na kapendekaran teh.
“Marangga
atuh caralik, eh Ki Diman ! Ieu semah teh ti nu tebih sok gancang sadiakeun,
naon we saaya aya.” Cek Mbak Lasmini ka ki Badega.Ki Diman tea.
Teu kungsi
lila, Badega duaan lalaki wungkul, daratang mawa baki, pinuh ku kadaharan nu
matak pikabitaeun; Ki Bejo geus kutap ketap, poho we yen nu disanghareupan teh
nyata jagona Bantul; si Mawar Hideung. Nu dipiserab Ku Para pendekar Tanah
Jawa.
Terus datang
deui hiji badega, nu mawa poci gede; tapi dititah balikkeun deui; cenah tamu
ieu mah beda, kudu disadiakeunana oge nu khusus.
“BiUti, Mbak
Lasmini ngageroan teu lila jol nu disebut BiUti tea, awewe tengah tuwuh, tapi
masih kewes jeung pantes, dangdananana oge bararesih.
“Wonten nopo
ndoro?” cek eta BiUti teh.
“Kaluarkeun
khusus ti kamar Kulo inuman keur ngahormat ieu para tamu.”
Teu loba
omong, leos wae BiUti ka kamar ndoro Lasmini; kaluar deui bari mawa nampan
perak, diluhurna poci leutik camperenik tina porselen China; kitu deui
cangkir2na jeung pisinna ti na porselen China. Wah! Cek hate Jalma, ieu Mbak
Lasmini ( Mawar Hideung ) teh sigana mah lain jelema biasa; sigana mah aya
teureuh Bangsawan /ningrat Jawa yeuh; nepi ka boga porselen sakitu arendahna.
Padahaal di nu beunghar ge can puguh bogaeun porselen model kitu.
Pisinna
dibagikeun ku BiUti; hiji keur Lasmini; dua deui keur Jalma jeung Ki Bejo. Ki
Bejo mah bati olohok we mata simeuteun; nempo kaayaan pribumi nu sakitu sagala
ayana; jeung narima maranehna sakitu ngahormatna. Ki Bejo jadi ngarasa was was;
yen nu diuk hareupeun teh enya si Mawaar Hideung atawa jelema sejen deui.
BiUti rek
nuangkeun cai teh ti na poci porselen, tapi dicegah ku Lasmini; cenah keur tamu
nu special kieu mah kudu ku Lasmini sorangan nu mereanana. Nya Biuti teh
ngaleos deui we ka kamarna.
Terus wae
Lasmini nuangkeun citeh ti na poci porselen, tiap cangkir dieusi ku gula batu;
mani ngarenclong matak pikabitaeun. Sanggeus kitu pok Lasmini nyarita :” Samemeh
urang ngobrol ka na tujuan utama sampeyan duaan datang ka dieu ti tempat jauh;
yu urang ngopi heula.” Tutup nyaritana beleyer2 we eta dua cangkir disodorkeun
ti kajauhan satengah dialungkeun ka Jalma jeung Ki Bejo.
Siga
dialungkeun, tapi eta cangkir teh laju bari caina teu tamplok sama sakali; siga
disodorkeun tanpa antara siga nu deukeut pisan nyodorkeun cai; tapi ieu mah
apanan aya lolongkrongkrang kira sameteran mah; tapi ngeunah we Lasmini
ngayunkeun cangkir nu dieusian teh ka dua tamuna, teu pisan tamplok caina sama
sakali, tanda tanaga jero Lasmini memang jempolan. Ayeuna mah Ki Bejo kakara
sadar jeung saha manehna pahareup hareup; atuh bari rada gugup Ki Bejo narima
eta sodoran cangkir; tapi barang gep manehna ngarasa aya tanaga jero nu nyerang
ka manehna; ku sabab kurang waspada ampir we Ki Bejo ngajungkel; ngan rikat
manehna ge ngerahkeun tanaga jerona bari nyekelan eta cangkir; orokaya tanaga
nu dipakena rada beurat lantaran teu siap tea atuh pros cenah ! Cangkir
porselen nu sakitu alusna peupeus.Pakean Ki Bejo baraseuh. Jeung eta hiji tanda
yen tanga jero Lasmini
memang saluhureun Ki Bejo. Ki Bejo bareureum beungeut.
Kumaha ari
Jalma ? Ti barang gok ge jeung ieu Lasmini, Jalma mah terus waspada, teu pisan
sakali ge meleng, atawa kapangaruhan ku kasomeahan pribumi. Nya atuh barang
cangkir ngalayang ka manehna; manehna geus sayaga ; langsung ditarima bari teu
riuk2 terus duanana Lasmini jeung Jalma ngarinum; Jalma masih sempet nyebut
nuhun.
Saenyana
mah, waktu Jalma narima eta cangkir karasa tapakna ngageter; tanda yen tanaga
Lasmini memang hebat; mungkin oge saluruheun manehna; tapi Jalma teu keder,
paniatan geus diikrarkeun, pantang mundur samemeh tarung enyaan. Jalma apal yen
waktu ngayunkeun cangkir; Lasmini teh make elmu ngalungkeun senjata rasiah
samodel “peso terbang”; nu pasti dilatihna ge hese; lamun teu make tanaga jero
nu jempolan mah, moal bisa ngalakukeunana.
Manehna sorangan can ngajaran
dilatih elmu model kitu; tapi nya ari narima mah teu hese2 teuing. Di dinya
kaciri Elmuna Mawar Hideung memang hebat pisan.HANCA