Sanggeus ngobrol aya ka na 5 menitna terus we Ki Brojo Nitis nanya ka Jalma:”Tadi ku Kulo ditempo sampeyan shalat 8 rak_at, shalat naon ?” Rada heran oge Jalma ngadenge pananya kitu, wah ieu si PakDe pipilueun ka na urusan pribadi batur aya naon ? cek hatena. Tapi ari lahirna mah ngawalon:”Hehehe, tadi Kulo turu kaliwatan, nepi ka Asar; nya lohor ku Kulo dikodoan.” Ki Brojo Nitis:”Naha aya kituh hukumna ngodoan shalat !?” Gebeg deui Jalma ngagebeg, ku pananya eta, da arang langka nu sejen mah nanya saperti kitu. Tapi langsung Jalma ngajawab:”Hehehehe, rek aya atawa henteu, tapi shalat teh kawajiban, tapi Kulo poho; lantaran kasarean tea; nya sugan we atuh dikodoan mah, dosa urang katinggaleun shalat dihampura.” Ki Brojo:”Naha sampeyan yakin, eta bakal ditarima ku Gusti Allah ?” Jalma:”Nya ari yakin pisan mah henteu; ieu mah ngan harepan jeung cita2.” Ki Brojo:”Hahahaha … naha atuh dilakukeun ari kurang yakin mah ?” Jalma:”Kuring kurang yakin, lain hartina teu percaya, tapi kuring nyaho yen manusa mah teu nangtukeun naon2; jadi ieu mah sakadar usaha.” Ki Brojo:”Alus tah jawaban teh ki sanak. Enya saenyana mah urang teh ngan Dharma nglakoni, paeh hirup kumaha Gusti nu Maha Suci. Jadi saenyana mah urang teh usaha ngadeukeutkeun diri ka Gusti, lain ?” Jalma :”Enya … naha PakDe bisa nuduhkeun kumaha cara ngadeukeutkeun diri ka mantenna ?” Jalma beuki panasaran. Brojo Nitis:”Lain we ngadeukeutkeun; tapi leuwih ti kitu !” Jalma:”Kumaha ? Leuwih ti kitu ?” Brojo Nitis bari mesem, pok nyarita deui:” Enya, ieu mah leuwih deukeut deui; nya eta ngahiji jeung Gusti ?” Jalma beuki reuwas jeung kaget, pok Jalma nyarita:”Jadi urang ngahiji jeung Pangeran ?” KI Brojo Nitis:”Enya ngahiji … tah elmuna teh ngaranna Manunggaling Kawulo Gusti.” Jalma:”Kumaha carana urang ngahiji jeung Pangeran teh ?” Ki Brojo Nitis:”Euweuh deui carana iwal ti ku zikir sing loba, bari konsentrasi !” Jalma:”Ari pak De geus ngajaran eta zikir kitu ?” Brojo Nitis:” Nya enggeus atuh ! Kula moal wani ngomong, mun can ngalaman sorangan.” Kumaha tah ciri2na ? Cek Jalma beuki hayang nyaho. Ki Brojo seuri leutik pok nyarita deui:”Hehehehe, mun dicaritakeun ku batur mah, can puguh tole ngarti; jadi kudu ngalaman sorangan.” Jalma:”Cing cobi we atuh jelaskeun kumaha karaosna ?” Ki brojo Nitis:”Kulo kungsi dzikir nepi ka 3 poe tilu peuting; maca ngan ukur Laa ilaa Ha Illallaah. Terus2an tah di na peuting katiluna, kulo ngarasa geus teu napak deui na teneuh; Kulo ngarasa ngalayang ngawang2; Kulo geus teu inget deui ka na sagala naon wae ngan ukur ka na dzikir tea. Di dinya kuring asa ngahiji… tah di dinya manunggaling kawulo Gusti teh.” Jalma:”Ke ke ke heula … Pak De ngarasa ngahiji jeung Allaah naon sababna ? Naon Buktina, naon tandana ?” Ki Brojo Nitis:”Ah budak ngora mah nyaho naon atuh ?! kapan Kulo sorangan nu ngarasakeunana !” Jalma:”Naha ku kaayaan kitu teh Pak De yakin eta teh geus ngahiji antara Pak De jeung Gusti Allah ? Astaghfirullah. Kapan cenah Allah mah beda ti sadaya Makhluqna !?” Ngadenge omongan Jalma kitu Ki Brojo Nitis nangtung terus ngajengkat ka kamerna bari nyarita:”Ti semet ayeuna tong ngomong deui masalah ieu Ka Kulo.Pek we kuma dinya; ngan Kulo ngarasa bagja geus nyaho cara ngahiji jeung Pangeran.” Brug panto kamerna ditutup rada tarik, tanda manehna rada keuheul.HANCA
