Dupi di lembur abdi anu namina meong congkok teh disebat "Kerud". Ieu sato saageung ucing, warna kulitna birintik cokelat, koneng sareng hideung. Sadana sami sareng ucing "Meooooooooooooooooooong", tapi ayana di leuweung. Upami Meong huluna hideung aya dua rupi, nyaeta : 1. Sok puak paok barang gaduh batur 2. Sok untap intip barang gaduh isteri, utamina isteri anu masih keneh lajang upami nuju ibak. Cing, saha anu kalebet meong congkok?
________________________________ Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Kamis, 24 Mei 2012 11:04 Judul: [kisunda] Re: Geuningan Anjing? Beu etah, Kang Sumirat, kiduleun lembur kuring teu apaleun meong congkok. Padahal baheula mah eta ucing leuweung teh ampir aya dimana-mana, asal aya leuweung saeutik. Kuring mah baheula kungsi ngampihan anakna, meunang ngarungkup kapilanceuk ku ranggap hayam di kebon, teu jauh ti imah. Beda jeung anak ucing, anak meong congkok mah kahayangna nyumput wae dinu poek, karesepna asup kana kolong lomari. Ngan meunang sapeuting, da soak, peutingna indungna datang, kakarayapan dina sarigsig imah. Atuh jadi ribut sarerea, isukna anak "maung leutik" teh dileupaskeun deui we di kebon ..... WLY --- In [email protected], <sumirat@...> wrote: > > Baheula jenatna (mksdna alm) uyut kuring sok ngobrolkeun anu ngarana meong > congkok di Gunung Tampomas. > > Bahasa umumna meong congkok teh naon, naha ajag ? > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Waluya > Sent: Wednesday, May 23, 2012 1:19 PM > To: [email protected] > Subject: [kisunda] Geuningan Anjing? > > > > > > Di tutugan gunung, sok sering kajadian aya sato piaraan (domba atawa embe) > paeh > dikandangna direweg ku sato galak nu teu jelas sato naon. Baheula waktu > kuring > keur budak, di lembur di tutugan Tampomas, kungsi geunjleung sabab ampir > unggal > peuting aya domba atawa embe paeh, dihakan ku sato leuweung, tapi anehna nu > dihakanna ukur jereoan (jantung, ati..), dagingna malah teu dihakan. Sato nu > nyieun perkara ieu teu jelas, sabab acan aya nu kawenehan manggihan. Aya nu > nyebutkeun sabangsa maung atawa ajag ....atawa malah kana mistik, sato > kajajaden. > > Sababraha taun katukang, kajadian nu sarupa kabejakeun Di tutugan gunung > Sawal > atawa Gunung Ciremai, jeung nu pangakhirna di Banyumas tepika meakkeun 18 > embe. > Ku teknologi, diintip make CCTV, terus ditewak make pitapak. akhirna sato nu > ngagalaksak di Banyumas teh beunang, satona ngan saukur anjing!. Lamun > ningali > fotona teu jauh ti anjing kampung biasa. > (http://news.detik.com/read/2012/05/23/095944/1922485/10/inilah-sosok-pemang > sa-1\ > <http://news.detik.com/read/2012/05/23/095944/1922485/10/inilah-sosok-pemang > sa-19-kambing-yang-meresahkan-warga-banyumas> > 9-kambing-yang-meresahkan-warga-banyumas) > > Paingan atuh ari anjing kampung mah, hese ngawenehanana, nu kahiji mah jalma > teu > curiga ka anjing, nu kaduana anjing oge apal kana kabiasaan jalma. > Tungtungna > sato nu sabenerna mah dipikawanoh pisan ku jelema, jadi sato "super > misterius". > > Tapi kunaon nya anjing kampung, bet robah perilaku ngarewegan ingon-ingon? > Atawa > meureun sabenerna mah teu robah, salindeuk-lindeukna anjing, tapi tetep sato > ieu > mamawa gen luluhurna, sang ajag alias serigala, sato nu dianggap "musuh" > bangsa > manusa ..... > > WLY >
