hédéd kang Sp, ditanggoan hancana ah. panasaran, naha kian santang ogé hésé ngising sanggeus dahar korma? heuheu
:) 2012/5/29 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Tulisan ngangge basa Sunda dialek Banten Kidul (Basa Sunda Banten Kidul > rada saeutik halus, batan basa Sunda Banten Kaler) > Mangga nyanggakeun : > > Puguh bae Kian Santang hanteu ngarti kana omongan si Jalma, tapi si Jalma > malah nyerengeh seuri terus ngomong ku basa sunda "Hmm mun kitu mah make > basa sunda bae nyah, ambeh kumaneh ngarti" ceuk si Jalma ka Kian Santang. > Ngadenge omongan si Jalma, gebeg Kian Santang rada molongo, hatena > ngagerentes "Jurig! Sugan aing hanteu ngarti, geuning dia bisa basa aing!" > laju Kian Santang nembalan "Hehe...dulur, tatadi ngomongna, hulu aing jadi > mikir, sugan aing mah dia teu ngarti, geuning bisa ngomong basa aing > he..he..he...." Meunang jawaban kitu ti Kian Santang si Jalma ngan ukur > mesem laju ngomong deui "Hmmm...aing sabenerna geus nyaho kana pamaksudan > kumaneh. Ari kumaneh bener boga ngaran Kian Santang? ceuk si Jalma. Dijawab > ku Kian Santang "Geus nyaho dia kana pamaksudan aing? Wah hebring geuning > dia boga elmu tarawang, dia lain jalma samanea nyaho kana pamaksudan aing. > Heueuh teu nyalahan ngaran aing Kian Santang anakna Prabu Siliwangi raja > Pajajaran, ari dia sorangan saha ngaran?" ceuk Kian Santang ka si Jalma. > Laju si Jalma ngajak Kian Santang ka imahna anu aya hareupeun pirunan > seuneu "Supaya ngobrolna ngeunaheun, yu urang ngobrolna di imah" ceuk si > Jalam ngajak asup ka jero imah. "Atuh hayu, tatadi aing hayang geura > kokojoran, ieu bitis suku geus teu kuat paregel. Ari dia boga dahareun, ieu > beuteung aing geus peurih hayang dahar, ti isuk beuteung aing can kaasupan > kejo" ceuk Kian Santang beungeutna katenjo rada sepa nahan lapar. > Dijero imah geus sadia samak anu dijieun tina kulit domba anu > ditengahna aya dahareun aya buah korma jeung roti gandum jeung ceret wadah > cai dibaturan ku dua emuk gigireuna. Nempo kadaharan geus nembrak, Kian > Santang ngomong "Lur, eta dahareun pikeun saha, meunang teu aing ngasaan > eta dahareun, geus teu kuat yeuh beuteung" ceuk Kian Santang ka si Jalma. > Ceuk si Jalma "Lain pikeun sasaha, hop bae dahar ku kumaneh > saseubeuhna". Ngadenge titahan ngadahar eta dahareun, atuh geup bae nyomot > buah korma bari ngomong "Ari ieu buah naon, siga buah pinang tapi rada > leutik, eh ieu mah amis, ari buah pinang mah kulitna pait, ari sikina sok > diparake nyeupah ku awewe". Ditembal ku si Jalma "Eta ngarana buah korma, > di Pajajaran mah moal aya, paling oge aya buah kacapi jeung buah manggu. > Mun ngadahar buah kacapi sok hese ngising nya?. Ditembal ku Kian Santang > "Heueuh nyahoan bae dia mah" bari sungutna pinuh ku buah korma bakating ku > lapar, bari panonna peureum benta ngaraskeun amisna buah korma. > > Hanca deui............ > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
