"Eureuleuuuuuu" sora teurab Kian Santang "Bagong dak ngeunah amat ieu buah 
korma, kakarak aing ngadahar buah amis siga kieu" ceuk Kian Santang ngarasakeun 
kangeunah ngadahar buah korma laju awakna disarandekeun kana tembok imah. Ceuk 
Jalma bari ngelus dada jeung mesem baro ngomong "يا الله اغفر عبدك يا اخوة، 
يقول الحمد لله " sirahna gegelangan nenjo tingkah polah Kian Santang. Ditembal 
ku Kian Santang "Akh dia mah kumat, amun ngomong sing kaharti ku aing" bari 
ngangkat awak tina sarandeana terus nanya ka Jalam "Dulur, tatadi aing can 
nyaho ngaran dia, saha ari ngaran dia, bejakeun ka aing, sangkan aing ngagero 
ka dia ku ngaran. Laju ari dia nyaho ka ngaran Saidina Ali?" ceuk Kian Santang 
ka Jalma. Terus Jalma nembalan "Ke heula, urusan gampang etamah, ke ku kami 
dibejakeun ngaran kami jeung ngaran Saidina Ali". Eta Kian Santang katenjona 
henteu sabaran "Iiih dia mah hararese amat, aing mah hayang geura panggih jeung
 Saidina Ali, ceuk ajeungan di Cirebon eta Saidina Ali teh jalma jago. Aing 
hayang geura panggih, hayang nyaho kajagoan Saidina Ali. Saencana ngaguguru 
kamanehna, aing hayang ngajajal heula kajagoanna. Mun aing eleh aing bakal 
guguru ka manehna, mun aing menang manehna kudu jadi anak buah aing 
ha..ha..ha.." Ngadenge omongan Kian Santang Jalma nembal "Heueuh ari kitu mah, 
amun kumaneh hayang nyaho aran kami, jeung Saidina Ali aya syaratna". Ceuk Kian 
Santang "Naon syaratna, asal ulah beurat teuing be syaratna". Ceuk Jalma 
"Syaratna gampang, pang nyokotkeun iteuk kami di buruan imah. Iteukna nanjer di 
tengah buruan, sok kumaneh pangnyokotkeun" Kian Santang seuri ngagakgak 
"Ha..ha..ha..ha...ngan sakitu syaratna" tembalna. "Heueuh sakitu syaratna" ceuk 
Jalma terus Kian Santang ngaloyor ka luar imah arek nyokot iteuk. Di buruan 
imah katenjo iteukna nanjer ditengah buruan, terus disamperkeun ku Kian Santang 
bari leungeun kencana nyekelan iteuk maksudna rek
 nyabut. Tapi kakarak rek ditarik, eta iteuk teu oyag-oyag acan. Manehna nyoba 
make dua leungeun nyabut eta iteuk, tapi tetep bae eta iteuk henteu oyag. 
Kian Santang matana mureleng "Haram jadah, piraku iteuk sagede turus kacang 
pageu-pageuh teuing dicabutna" gerentes hatena. Kian Santang taki-taki 
ngaluarkeun tanaga "Heuup!!" tetep eta iteuk nanjer henteu kaoyagkeun "Bagong 
dia!! Ieu itek siga aya akaran. Aduh ieu mah kudu make jampe tarik ubun-ubun". 
terus Kian Santang komat kamit mapatkeun jampe tarik ubun-ubun 
"Hiaaaaaaaaaaa!!!!!! crot kalah kamodol dijero calana. 
 
hanca deui............


 
 


 
      

Kirim email ke