kabayang pas crot mododl dina jero calana....mangkaning teu mawa salin ti tanah sunda teh pan...ha..ha..ha.. bisaan kang SP mah euy.....
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 29 Mei 2012 14:23 Judul: [kisunda] CARITA MASYARAKAT UMUM (BAGIAN KA 4) "Eureuleuuuuuu" sora teurab Kian Santang "Bagong dak ngeunah amat ieu buah korma, kakarak aing ngadahar buah amis siga kieu" ceuk Kian Santang ngarasakeun kangeunah ngadahar buah korma laju awakna disarandekeun kana tembok imah. Ceuk Jalma bari ngelus dada jeung mesem baro ngomong "يا الله اغفر عبدك يا اخوة، يقول الحمد لله " sirahna gegelangan nenjo tingkah polah Kian Santang. Ditembal ku Kian Santang "Akh dia mah kumat, amun ngomong sing kaharti ku aing" bari ngangkat awak tina sarandeana terus nanya ka Jalam "Dulur, tatadi aing can nyaho ngaran dia, saha ari ngaran dia, bejakeun ka aing, sangkan aing ngagero ka dia ku ngaran. Laju ari dia nyaho ka ngaran Saidina Ali?" ceuk Kian Santang ka Jalma. Terus Jalma nembalan "Ke heula, urusan gampang etamah, ke ku kami dibejakeun ngaran kami jeung ngaran Saidina Ali". Eta Kian Santang katenjona henteu sabaran "Iiih dia mah hararese amat, aing mah hayang geura panggih jeung Saidina Ali, ceuk ajeungan di Cirebon eta Saidina Ali teh jalma jago. Aing hayang geura panggih, hayang nyaho kajagoan Saidina Ali. Saencana ngaguguru kamanehna, aing hayang ngajajal heula kajagoanna. Mun aing eleh aing bakal guguru ka manehna, mun aing menang manehna kudu jadi anak buah aing ha..ha..ha.." Ngadenge omongan Kian Santang Jalma nembal "Heueuh ari kitu mah, amun kumaneh hayang nyaho aran kami, jeung Saidina Ali aya syaratna". Ceuk Kian Santang "Naon syaratna, asal ulah beurat teuing be syaratna". Ceuk Jalma "Syaratna gampang, pang nyokotkeun iteuk kami di buruan imah. Iteukna nanjer di tengah buruan, sok kumaneh pangnyokotkeun" Kian Santang seuri ngagakgak "Ha..ha..ha..ha...ngan sakitu syaratna" tembalna. "Heueuh sakitu syaratna" ceuk Jalma terus Kian Santang ngaloyor ka luar imah arek nyokot iteuk. Di buruan imah katenjo iteukna nanjer ditengah buruan, terus disamperkeun ku Kian Santang bari leungeun kencana nyekelan iteuk maksudna rek nyabut. Tapi kakarak rek ditarik, eta iteuk teu oyag-oyag acan. Manehna nyoba make dua leungeun nyabut eta iteuk, tapi tetep bae eta iteuk henteu oyag. Kian Santang matana mureleng "Haram jadah, piraku iteuk sagede turus kacang pageu-pageuh teuing dicabutna" gerentes hatena. Kian Santang taki-taki ngaluarkeun tanaga "Heuup!!" tetep eta iteuk nanjer henteu kaoyagkeun "Bagong dia!! Ieu itek siga aya akaran. Aduh ieu mah kudu make jampe tarik ubun-ubun". terus Kian Santang komat kamit mapatkeun jampe tarik ubun-ubun "Hiaaaaaaaaaaa!!!!!! crot kalah kamodol dijero calana. hanca deui............
