Bapak ibu sadaya, rapat paripurna DPRD Propinsi Jawa Barat mangga urang kawitan
tabuh 8, dinten Rebo ieu urang ngabahas anggaran pangwangunan jalan di
Tasikmalaya pakidulan...
Wilujeng enjing sareng bank BRI Cabang Bogor, aya nu tiasa dibantos ku abdi?
Punten bapa pesenan kamar di hotel Panghegar teu acan aya nu kosong kanggo
dinten Rebo margi atos pinuh...
Sareng SPBU KM. 57 Karawang, bengsina dikawitan ti angka 0 nya bu? Mangga...
Neng bade pesen naon? Ayeuna di Pizza Hut nuju aya produk nu enggal Chicken
Mozarella Pizza, toppingna suir hayam nganggo keju teras saos Barbekiu...
Teh, punten upami sapatu no. 42 na aya? Tadi milarian di palih ditu aya tapi
merekna sanes Yongki Komaladi...
Barudak, dangukeun ayeuna pelajaran Geografi, ibu bade nerangkeun ngeunaan
nagara2 nu aya di Eropa Wetan, bentang alam jeung budaya nu aya di ditu, Eropa
Wetan nyaeta wewengkon anu wates2na...
Bapa téh tos hareeng sabaraha dinten? Mangga ku abdi diparios heula, cobi
dibuka sakedik raksukanana...
Punten kang, akang tos ngalanggar aturan lalu lintas, tadi lampuna tos beureum
tapi hayoh weh ngeleyeng eta motor kuatka digeber, cobi SIM sareng STNK na ku
abdi dicek heula...
Powered by Telkomsel BlackBerry®
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/