Nenjo Kian Santang geus teu daya upaya (pingsan), Jalma alias Saidina Ali mangku awak Kian Santang terus di bawa ka dapur rek dipandian, sabab awakna bobolokot kotor jeung bau tai. Pinuh ku kadedeh jeung kanyaah, Saidina Ali ngamandikeun Kian Santang, digosok, digesek awakna, buukna anu caina dicampuran kembang kasturi anu sengitna sumiliwir. Geus beres dipandian, terus Kian Santang dipakekeun baju jubah terus dipangku ka jero kamar disarekeun diluhureun kasur anu empoy. Geus babaraha jam, Kian Santang nyaring jeung eling tina pingsana, panonna rurat-reret nenjoan sakuriling kamar "Aya dimana ieu aing" dina hatena ngomong. Teu lila torojol Saidina Ali nyamperkeun Kian Santang terus ngucapkeun "السلام عليكم " bari mawa kadaharan jeung cai teh dina muk "Kumaha Kian Santang, geus ngeunaheun ayeuna awak kumaneh" ceuk Saidina Ali. Kian Santang Hudang terus diuk dina luhureun tempat sare bari nembalan "Heueuh geus karasa ngeunaheun awak, Nuhun aing geus diurusan, teu nyangka jalma anu diteangan teh geuning dia sorangan. Hampuran dulur, aing geus kumawani ka dia, nyata ayeuna mah yen dia teh gudang elmu sakumaha ceuk ajeungan di Cirebon". Saidina Ali mesem bae, bari nyodorkeun cai teh jeung roti gandum ka Kian Santang, terus ngomong "Ari kumaneh geus asup Islam?". Dijawab ku Kian Santang "Ari asup Islam mah aing enggeus, ceuk ajeungan di Cirebon ngucapken kalimah sahadat : ". Saidina Ali katenjo bungah ngedenge pangakuan Kian Santang, terus ngomong deui "Ari kanjutna geus disunatan acan?" Ngadenge kanjut, Kian Santang ngarenjag bari ngomong "Kanjut? Ari kanjut aing rek dikumahakeun?". Terus Saidina Ali ngomong "Kanjut kumaneh kudu disunatan, eta tanda kasucian jalma muslim". Ceuk Kian Santang "Naon disunatan teh" Terus Saidina Ali mere conto ku curuk leungeunna jeung peso siga motong tungtung curukna. Nenjo kitu Kian Santang molohok bari ngomong "Waduh, amun dipotong ku peso mah atuh nyeuri, kanjut uing engke mual bisa hudang?" Dijawab ku Saidina Ali "Moal nanaon, ja motong kanjutna moal dibeakeun, ngan miceun kulit tungtungna. Kumaha sanggup kumaneh miceun tungtung kanjut. Mun kanjut maneh teu disunatan, disangsikeun ka Islamanana" ceuk Saidina Ali ngajelaskeun ka Kian Santang. Dijawab ku Kian Santang "Amun kanjut aing dipotong, aing moal paeh?" Ceuk Saidina Ali "Insya Allah, kumaneh moal paeh". Terus Kian Santang nyanggupan bari ngomong "Heueuh ari kitumah, hop bae kanjut aing dipotong tungtungna" terus maneh mukakeun jubah ngololkeun kanjutna anu cindeten kacapean bales nyabut iteuk tea. Terus Saidina Ali nyokot peso anu pangseukeutna jeung minyak terus nyamperkeun Kian Santang geus kitu ditarik kanjutna terus diolesan minyak bari ngucapkeun : "بسم الله الرحمن الرحيم " prul be eta kanjut Kian Santang dipotong. Eta Kian Santang nyeureungid nahan kanyeuri bari ngomong : "Tobat!!! Geus can kanjut aing dipotong!" Ceuk Saidina Ali "Anggeus, coba tenjo ku kumaneh kumaha ayeuna", terus Kian Santang nenjo kanjutna anu kwari huluna geus buleneng dipiceun topi anu nutupan tungtung kanjut, ceuk manehna "Wih jadi bolenang herang huluna!". Hanca deui ..........(mumpung can loba pagawean)
