Ki Brojo
Nitis nu keur nyalurkeun pernapasan gancang muka panonna, beunta ngong nyorowok
:” Dalem ! Wonten pangerso nopo ndoro.” Laju panonna culang cileung, bari heran
sabab nu boga sora teu kaciri aya di dinya, manehna gigisik bari kukulutus :”Ah
ngimpi meureun.” Bari reup peureum deui. 


Sakali deui
Nini Anti nyorowok deui :”Ilung !” 


“Dalem!”
mani gancang Brojo Nitis ngajawab; tapi terus melong neuteup ka nini Anti. Nini
Anti duka kumaha ngusap beungeut, nu tadina beungeutna goreng patut robah jadi
hiji awewe, nyata ari kolot mah; ngan kaciri paromanna kewes, wibawaan. 

Barang nempo
Nini Anti morosotkeun kedokna, gancang eta Brojo Nitis sujud :”Duuh Ndoro
Padmini, Kula sadu2 menta dihampura reh teu gancang sinembah ka ndoro.” 


Ngadenge
omongan Brojo Nitis, Jalma oge gancang beunta, kaget oge nempo Nini Anti
indungna Mawar Hideung geus ganti paroman, nu Kacida wibawana. Nu pangheulana
ditempo sanggeus beunta nya eta ceuli eta Nini Anti, enya we aya tanda hideung
ngajepat; wah moal salah ieu pamajikan Guru Kula nu ngaran Nyai Padmini tea;
tapi ulah gurung gusuh ke heula tungguan. 


“Ilung apal
teu ka na senjata ieu ?” Cek Nyi Padmini bari nembongkeun senjata nu tadi
nancep di na tarangna. 

Sajongjongan mah Brojo Nitis kaget; pok ngomong :” Eta
Senjata andelan Ki Sangga Prakosa … eee Ndoro Sangga Prakosa. Naha nya aya di
eta Ki Jalma ?”
HANCA
 

Kirim email ke